skip to main |
skip to sidebar
Fikmin #YENNY#
Hoor ari eneng, naha bet kitu kalakuan teh kawas lain urang kota wae. Kapan lulusan unipersitas, kapan presiden direktris hiji pausahaan multi nasional, kapan dua anak geus jaradi jalma, kapan geus boga dua incu. Kapan aa oge pon sami wae teu jauh beda. Ngan bedana eneng tos 25 taun nyalira ari aa masih bareng keneh jeung siteteh. Kapan teu pira eneng, aa mah estu terpesona ka eneng ti awit urang tepang. Kapan aa tos balaka ka eneng naon pamaksadan aa. Hoyong nyarengan eneng batan eneng salami lami hirup nyalira. Maksad mihukum eneng kalayan asma Allah SWT.
"Bah, salaku manusa tur hirup nyalira, tangtos Yenny oge gaduh seueur kahoyong, lumrah tur normal weh. Tapi anu salawasna Yenny tumut tur nancepkeun didada, ulah nganyenyeri hate batur." Duh Yeyen mah paling bisa neungeul aa ku pamatih.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar