skip to main |
skip to sidebar
Fikmin#FA FA SEL#
Inget bareto basa kakaraeun ka Kowloon. Sarengsena kapal sandar terus ditalian ka dermaga, panto debarkasi dibuka sangkan passenger anu bade ngalanto ka pasar seni tarurun terus langsung asup kana beus anu geus nunggu. Kakara oge guide mere piunjuk kumaha kumahana sangkan tur sukses, ana kurunyung teh hiji encim 40an taun kuleuheu anu make cheongsam butut bari disendal cepit gogorowokan, "fa fa sel, fa fa sel ... Nais" Kitu jeung kitu weh. Tangtuna pessenger arolohok teu ngartieun, kajaba aya sabaraha ABK anu sura seuri koneng. Terus sura seuri mesum.
Sadar omonganana euweuh anu ngartieun, eta encim mere kode sabada ngomong fa-fa sel tea. Curuk jeung jempol leungeun kenca dijieun pangbuledan terus di colok2 ku curuk katuhuna. Hehe kakara passenger ngartieun, laju buru2 birat kana beus.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar