Senin, 05 Maret 2012

UJANG

Fikmin #UJANG#
"Apa ieu Ujang dipaparin acis sareng acuk ku ibu itu," tunjuk curuk leutik anakna ka hiji awewe ngora anu dina raksukan muslimah teuing ku geulis. Dihandapeun pager beusi anu dicet hejo caang, manehna masih cingogo pipir bak runtah waktu giriwil Ujang ngasongkeun kotak berekat anu eusi sangu lengkep ku hayam panggang kari am. Reumbay cimatana waktu mimiti ngahuap, kapan kakara eta pisan huap sangu ti saprak bedug Lohor udar ider miharep kinasih batur kadirina jeung Ujang anu umurna can tilu taun. "Alhamdulillah, hatur nuhun Gusti," lengisna dareuda, barang sidik Ujang keur ngadeg dipayuneun ibu tea anu linggih dina kursi bangun anu keur ngepaskeun raksukan ka awak Ujang. "Aduh hatur nuhun Gusti, pirang2." Gerentesna bungah bari ngerot cai aqua tina sedotan plastikna. Katempo ibu tea keur nungtun Ujang ka lebah manehna cingogo. Bakat ku hate bungangang, jaba hayang nganuhunkeun kana kinasih ibu, manehna seja mapag Ujang ngadeukeutan leumpang duaanana tepi ka panto beusi anu caang ku lampu neon. Tapi, hooor naha bet awewe teh keureutna kawas Nani, pamajikaana anu geus 3 taun kabur jeung supir treuk tatanggana anu bareto mineng nganteur Nani ka pasar Rancaekek. Leng bumi alam paroek bari manehna ujug ujug leuleus taya tangan pangawasa, ninggang kana jejeran korsi.
 ·  ·  · Saturday at 8:23am

Tidak ada komentar:

Posting Komentar