skip to main |
skip to sidebar
Fikmin #MINANTU#
Salila sapuluh taun jadi mitoha, kakara dua kali ngarasaan jadi supir nganteurkeun minantu. Sakali bareto taun 2003 keur si Aa diopearsi usus buntu. Ngaduakalina bieu saleupas wanci Maghrib. Tadina mah neng bade nyupir sorangan rek meuli sop embe ka Madang. Kumaha rek ngantep geura? Jaba peuting, jaba pras pris, jaba keur bubureuyeungan bulan alaeun. Kapan eta sicikal Gaby meredih hayang sop embe. Embung dahar cenah, pedah cape sapopoe liburan ka Ragunan jeung bapana.
"Tibatan Gaby ngosong, sawios wae hoyong nambulan sop oge abah." Imut neng.
Alhamdulillah. Asa lulus banglus tah jadi supirmulus, teu ngebut, teu pungkal pengkol, teu maen rem jeung gas. Iwal ti sakapeung ngerem ngadadak, pedah aya jalan anu garinjul, boh ngadadak disalip ku anu numpak motor. Maklum wae, indit inditan peuting bari hujan, saha oge anu arek betah cipruk salila lila di jalan. Nuhun neng.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar