Fikmin #SAMBEANG#
Dasar ucing siah, geus dibedilan nepi ka setres. Geus dibaledog nepi ka buncunur. Geus ditarapung nepi ka kasada ngek. Teu weleh balik deu balik deui. Lain teu karunya ngarana oge ka sato, mahluk hirup anu pangdeukeutna ka manusia, sok komo ka pamajikan. Tapina arek dalah dikumaha, kapan urangna anu teu kuat ku bau buluna, anu matak bengek engak engik. Anu can cageur, lamun can disuntik ku pak mantri. Anu matak keuheul mah, sakapeung lamun keur solat, kapan napas oge sok ngadadak beurat. Sirah lieur bulelengan. Tamtu moal tumaninah, tongboa kana khusyuk. Kapan eta sajaddah tea, sok diheesan ku ucing. Da pamajikan mah resep weh, lamun nempo ucing molor ditilam sajaddah tea. "Keun wae akang ambeh haneuteun. Karunya ngarana oge ucing. Kapan itung itung amal wae urang mah, mere kasempetan ucing sina sambeang. Kapan pahalana mah keur urang urang keneh. Tibatan akang anu belang bentong." Halah aing mah, kalahka eleh ku ucing.
http://www.facebook.com/groups/fikminsunda/permalink/351651241543116/
Tidak ada komentar:
Posting Komentar