Senin, 05 Maret 2012

RIRIS

Fikmin #RIRIS#
Kakara oge mareuman neon tengah terus ucul ucul rek nagebruskeun maneh kana simbut, kadenge aya anu keketok tanda aya tamu. Haruh saha deui atuh kapan waktu geus jam sawelas peuting, geus wayahna istirohah. Kapan isukan isuk isuk arek miang ka Jakarta. Ambeh gampang muru, cukup make kamerjaas terus dicindung. Sor suku diabuskeun kana selop kulit terus lalauan kaluar kamer bari gura giru ngolotrakeun kunci panto. Piraku mang Adma supir onaman kituh, kapan tadi geus beres mere duit keur inyana mulang mere pibalanjaeun kaimahna.

Kitu panto dibuka, ujug ujug aya anu ngagabrug bari gagaur ceurik. "Om tulungan abdi." Hor geuning saha atuh ieu wanoja tea, mana sorana halimpu jaba buukna seungit. Karasa aya cimata haneut anu rembes kana bulu simbar. Kajaba dampal leungeuna weh karasa tiis cubrek. Kamaklum kapan hawa Lembang sakieu tirisna.

"Hoor geuning neng Riris," cekeng teh waktu neon hurung deui, bari nempokeun pakulitan anu koneng enay. Rok koneng ipis jeung hiji jeket bule jin nutupan awakna anu sampulur. Buukna anu hideung galing muntang disisiran lalaunan make curukna anu dirawat alus. "Sumuhun om, hapunten Riris manawi om kaganggu." Walonna. "Na aya naon kituh neng Ris, kapan tadi om tos wawartos ka tuang ibu sareng bapak. Tuang Apa parantos satuju neng Ris ngiring om ka Jakarta kanggo damel di proyek Grand Indonesia, tapi kapan tuang ibu anu masih keukeuh mugen teu widieun."
"Nyaeta atuh om, Riris mah seja bade ngiring ka om kumaha wae cara, sawios wae ibu mah anu penting apa tos ngawidian malihan ngadamel serat nyanggakeun Riris ka om naha bade dibeureumkeun bade dihideungkeun oge." Walona bari ngangsurkeun salembar dokumen anu ditawis make meterai genep rebu rupiah.

"Kumaha om?" Taros neng Riris waktu kuring ngahuleng salila lila sanggeus maca surat. Duh neng Riris mah om kedah kumaha atuh? Tangtos wae tuang ibu ngawagel kapan inyana tilas bebene om. Bari neges neges geuning ceuli Riris siga ceuli uing.

 ·  ·  · Friday at 5:27pm

Tidak ada komentar:

Posting Komentar