Jumat, 09 Maret 2012

TANAH KUSIR


Fikmin #TANAH KUSIR#
Teuing ku hanteu, naha bet ujug ujug kula jorojoy asih weh, waktu anyar pajonghok ka anjeuna. Kantos kontak samemeh patepang, waktu aya riungan grup, anu malihan kula anu maksa sangkan anjeuna hadir. Laju kula malapah gedang, ngumaha weh cirining lalaki keur beger mindo. Tapi anjeuna teuing ku pengkuh, tetep nampik sanajan ayeuna geus nyorang hurip sukses makmur oge. "Na kunaon atuh ti kapungkur ayi alim nikah deui?" Ana pek teh, sieun bisi gagal pendidikan barudak, nikah deui matak beurat nanggung sok komo aya budak awewe. Makana luas ngarangda salila 29 taun ti umur 28. Enyalah ulahing waktu salakina maot, ayeuna wae masih ageung komara matak bogoh. Jaba shalihah, sukses nganteur barudak ka jenjang S-1, boga incu 2. Jaba presiden direktur hiji pausahaan multinasional, caleg DPR-RI 2009. "Dupi rama barudak kamana ayi?" Cekeng teh. "Teu aya abah, nuju ngantosan di TPU Tanah Kusir." Kabayang tangtos repotna nampik rupa2 pameget anu mikahoyong mihukum. Anjeuna mung imut waktos abah menta dihampura tos culangung mikahoyong, "henteu sawios abah, abdi oge tangtos gaduh kahoyong anu normal, bari ngantos Rahmat tur Takdir Allah Ta'ala." Sanaos bari pengkuh, "abdi alim nganyeyeri hate isteri sanes. Kapan abdi oge sami wanoja." Anjeuna ngamaklum kana kaayaan abah, Insyallah tetep silih mikaheman, silih sareng thalab 'ilmi sanaos kedah sarwa terbatas oge. Sami silih ngajagi ulah timbul pitnah dunya. Aamiin.
 ·  ·  · 34 minutes ago

http://www.facebook.com/groups/fikminsunda/permalink/344128255628748/

Tidak ada komentar:

Posting Komentar