Fikmin #NAHYI MUNKAR#
Dasar pamarentah gelo, pamingpin garelo, triumvirate buta hejo. Naha teu malikir, piraku harta nagara baris dikakayah babarengan saparakanca. Dasar wirog cablak. Teu malikir rek kudu kumaha, lamun dariuk dina korsi empuk pamarentahan tea. Kapan jalma jaregud palinter. Tapi naha geuning kaborogod, ku kagoblogan anu lain ukuran. Dasar dedemit. Naha hanteu narempo kana kasangsaraan rahayat leutik. Beu ambeu, nyata kuruksakna hate bathin jeung moralna bangsa. Naha dikirana gunungan pakaya tea bakal dibawa paeh. Enya aya Islam, tapi kapan para ulamana oge gagal, ngalaksanakeun kawajiban ngelingan ummat. Malahan arinyana oge kabawa palid.
"Urang duruk weh kitu imah tea, terus eusina urang rampog. Ambeh bisa babagi ka dulur dulur urang, anu keur gede pangabutuh kapan sagala marahal kieu."
"Atuh heueuh, badog pakayana, lamun perelu podaran jurig anu araya dijerona."
"Heueuh cumah wae dibui tas korupsi, kapan kaluar mah paresta sakitu rongkahna."
"His ulah kitu, kapan urang teh geus sumpah, arek jadi balad kaum nahyi munkar."
Bingung mikir, jaba tiris ku angin katiga ngadius. Jung opatanana narangtung terus ngaleungit dina poekna peuting. Ti kaanggangan, sora lagog ngabangbaung lungse.

http://www.facebook.com/groups/fikminsunda/permalink/348212778553629/
Tidak ada komentar:
Posting Komentar