skip to main |
skip to sidebar
Fikmin #SURAT#
Geuning aya surat ngagoler dina kursi ditepas? Na saha anu nganteurkeun jeung iraha? Kapan tadi peuting meh jam sawelas, karak asup ka kamer rek sare.
"Ass, HP nuju aya masalah teu tiasa sms. Soal janggot jst hapunten Aa, eta sanes wengkon abdi, Taroskeun ka siteteh anu gaduh kepentingan 100% ka Aa. Punten Aa, abdi tugenah ditaros hal2 pribados, abdi pantang nemprak kawenangan istri sanes, eta hal anu pangprinsipna ka abdi. Sekali deui hapunten. Wass... Yenny."
Dibaca bari gura giru leumpang ka kamar mandi, hayang kahampangan anu geus ngadayot. Teu karasa sandal jepit nincak batu koral, anu tadi peuting disiapkeun keur ngabaledog anjing anu beuki ngabangbaung. Teu karasa deui tisoledat sataker kebek, bari satarikna nubruk wastafel. Atuh tarang buncunur. Untung wastafel teu nanaon. Bari diuk, ramo rumpa rampa neang surat, bisi kaburu katohyaan ku Endah.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar