skip to main |
skip to sidebar
Fikmin #BUDAK#
Sabada keur milihan paneker gas, kadenge sora budak aduh aduhan bari nagog nyekelan beutengna. Budak leutik sakira 7 tahun, kuru hideung dikaos beureum, disandal capit dibeh gigireun katuhu, ayeuna cingogo bari muntang kana bitis. Ngadenge budak aduh aduhan kitu, atuh puguh weh sabaraha mata nyirorot curiga ka sim uing. Pakener gas anu beureum geuwat dilesotkeun luhureun kaca etalase, sim uing ruku' bari dampal leungeun ngusap tarang budak anu karasa haneut, bari nanya "kunaon jang?" Bari nyender kana tihang toko, budak ngarahuh, "aduh aki, beuteung kuring nyeri." Kacabak beuheungna tiis, jaba kesang leutik gugurilapan metu di gurat buukna. Hor budak teh asup angin. "Tos dahar jang?. Bari nyekelan kana awak uing, budak narekel hudang bari tetep neken kana beh hulu angenna. "Parantos aki."
"Tiasa pangdamelkeun teh manis panas sacangkir neng." Pesen uing ka anu boga toko. Teu unggeuk, manehna laju ka jero. Teu lila, balik mawa teh sacangkir anu ngelun, terus diteundeun di kaca etalase. Cur ku uing bahekeun ka pisin bari ditiupan. Geus haneut budak dititah nginum, anu nampa ku panuhun teleb dina beungeutna.
"Lain cu, tadi mah dikira incu kejejek pedah aki teu ningali." Heheh uing seneng.
"Wah aki mah, misina kuring anak ucing." Seurina segut, bari ngisian deui pisin.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar