Senin, 05 Maret 2012

ATM

Fikmin #ATM#
Untung can jauh ti imah waktu Enin ngariksakeun, tapi lebeng geuning. "Ari siabah tadi wengi saatos nyandak cicis, asa tos nyanggakeun ATM, acis katut resina nya," hulengna. "Kapan eta ATM lin?" Riksa abah waktu Enin ngabuka dompetna. "Sanes abah, ieu mah ATM heubeul." Huh, sakadang supir tea, mun atuh ngalakson sakali mah, ambeh abah maklum manehna perelu rek make jalan. Cekeng teh bari ngeser posisi Vios. "Nya atos lah bah kin weh urang pilari dibumi." Enin terus nyerah bangun lieur. Terus balik weh kaimah. "Makana kana barang leutik mah ulah sok ditunda."

Teu lila kurunyung kang Kodir, anu bade nyandak AJB di kantor Notaris. Buru buru abah ngaharewos, "hampura pak Kodir, puguh titadi Enin kaselip ATM. Kesukan weh atuh, sakalian mayar anu sesana." Tapi naha bet kitu muka buku agenda, pucunghul ATM tea ngablak jeung resi urut tadi peuting. Alhamdulillah, nuhun Gusti Yang Agung.
 ·  ·  · 14 hours ago

Tidak ada komentar:

Posting Komentar