Fikmin #ROSA#
Hiiji budak indungna pepegatan jeung bapana. Laju duaanana karawin deui sewang2an. Indungna kawin ka mahasiswa anu dibeayaan kuliahna nepi ka anggeus. Hanjakal sarjana tea pangedulan, gawena ngan morotan weh ka pamajikan ku loba2 alesan pikeun usaha anu ngan ambruk deui bangkrut deui. Antukna keur nyamuni si sarjana tea beuki nginum wiski ambeh lamun balik boga alesan mabok. Hiji peuting sarjana teh ngarinum jeung batur lalakina diimahna. Bari keuheul pamajikanana ngagoler nyorangan. Pikirna mah keun isuk wae mersihan sagala utah di rohangan tamu mah. Kapeutingnakeun, kolotrak sada panto dibuka terus lampu dipareuman. Huh paribasa tas nginum hayang macul. 'Salakina' ngagigiran bari sungut bau utah. Bakat kusebel pamajikan tea lainna ngabageakeun salaki tapi kalah ka nyanggigir bari mata peureum. Teu lila karasa 'salakina' ngagabrug manehna bari ruruag. Jaba geuning asa beda salaki teh jadi rosa, teu cara biasana anu leuleus bakat ku stress. Isukna barang bray lampu hurung, naha bet salaki salin rupa. Nurustunjung siah!
Tidak ada komentar:
Posting Komentar