Selasa, 20 Maret 2012

SUPIR AWEWENA


Fikmin #SUPIR AWEWENA#
Aya meh sapuluh menitna, barang gek eureun di aleutan drop-off komplek preschool High/Scope Rancamaya. Supir beh tukang kadenge pating gerendeng. Ngan euweuh anu neken klakson, kapan ngajaga sopan santun. Tapi lila lila mah geus mulai tat tet tot raeng. Ti kajauhan katempo awewe anu tadi ninggalkeun mobil dina aleutan, keur tipaparetot gura giru, bari nyangkeng dua budak leutik. Jaba bari mawa baskom plastik, wadah dagangeun tahu atah inyana. Aleutan mangkin panjang, klakson ear rame.

"Pak maju dong." Aya anu nyentak ti beh gigir kede, di beh kaca anu dipolongokeun saetik, sangkan jero mobil henteu panas teuing. Maklum weh geus wayah Lohor.
"Memangnya kamu gak liat. Itu ada mobil nongkrong gak ada supirnya." Sentak uing bari nurunkeun kaca jandela. Simata sipit mundur, sigana mah serab ku janggot.
"Kamu punya anak nggak? Pernah nggak kamu merasakan ngasuh anak?" Rupa kasna tea bangun anu era, bari wera. Hehe nempo janggot mah matak teu galak geuning.
"Kamu lihat ibu itu sibuk membawa dua anak, sambil memanggul wadah makanan." Manehna unggeuk bari ramona ngalipet nyekelan beh resleting calana. "Iya pak."
"Mendingan kamu bantu ibu itu, bawain baskom ke mobilnya. Agar kita cepet jalan."
 ·  ·  · 2 seconds ago

http://www.facebook.com/groups/fikminsunda/permalink/350722254969348/

Tidak ada komentar:

Posting Komentar