Selasa, 13 Maret 2012

NAPAK TILAS


Fikmin #NAPAK TILAS#
Duh kaduhung mah tangtu pandeuri. Ku naon teu dishabaran, waktu inyana nyieun rencana arek napak tilas nasab ka Menes. Malahan geus padami cenah jeung lanceuk lanceukna, arek sakalian maluruh kulawarga ti pihak aki indungna ka Padang. "Abah mah sayagi panagi wae, sing sehat di jalan, siap angkat, salami di panyabaan, sareng samulihna. Sadaya logistik mah parantos disayagikeun ku abdi." Imutna amis, bari curat coret kana notes nyatetan naraca kauangan. Ngan nyaeta atuh uingna kalah ka panasbaran. Kahayang teh ambeh salse dijalan, bari tenang ngajauhan pitnah. Uing menta diomongkeun ka cikalna nyaeta wali nikahnya, sangkan uing jeung inyana nikah heula. Kapan nyaba ka Menes terus ka Padang tea, itung itung bulan madu tah. "Satapak satapak atuh abah, kapan abah nembe dipercanten janten pandu wisata."
 ·  ·  · 2 seconds ago

http://www.facebook.com/groups/fikminsunda/permalink/346411265400447/

2 komentar:

  1. ku cara dikieukeun mah aya wariskeuneun keur anak incu,,, :)

    BalasHapus
  2. Alhamdulillah. Haturnuhun kana pangangken, nun. Maksad utami mah, kanggo nitenan tapak serat dina basa Sunda simkuring anu karaos masih sakitu samporetna. Boh 'vokab'na boh gaya. Hatur maklum, pengalaman maos uing mung ti Myi Mangle. Numawi peperenian Sunda uing mung sakieu kieuna. Kapan upami hoyong rampes kedah diajar saumur hirup. Sanes kitu ki Doel.

    BalasHapus