Senin, 05 Maret 2012

JANGGOT

Fikmin #JANGGOT#
Teu ku hanteu, naha bet rupa Yenny ngalangkang sapopoe. Kapan sms kuring teu dibales, teuing ku ngambek. "Peryogi pamadegan Yenny, kumaha janggot engkang rupi kotor henteu. Maksad mah dinten Jumaah kamari bade dipolka, sanaos ngaraos lebar oge kapan tos panjang siga ki ustadz. Miturut Yenny kumaha saena? Nuhun."

Geus jam sawelas, wayahna sare. Kitu ngadeukeutan pangkeng kasampak pamajikan keur ulukusek disimbut buni. Enya peuting ieu hawana banget ku tiris. Kitu ngedeng gigireun inyana, rap milu disimbut ambeh ngeunah sare. Ngan solongkrong karasa leungeunna ngarangkul, bari neundeun sirah kana dada. "Hiiihhh, tiris kang," cenahna bari ngusapan dada, terus ka beh beuteung. Terus ramona naplok. Lalaunan kuring malik nyanghareup ka inyana, bari ramo kenca nyulusup kana garis beuheung. Ramo katuhu nurutan ngusapan. Ana barang rap kana dapuran, manehna ngahihih.
"Kunaon?" Sora rada dareuda ngarasakeun biwirna. "Eta janggot, matak getek."
 ·  ·  · 8 hours ago

Tidak ada komentar:

Posting Komentar