skip to main |
skip to sidebar
DIUS
Fikmin #DIUS#
Huh dasar ki Surmin, sakaluar ti gerbang tol Ciawi ngocoblakna teu beak beak. "Yeuh Man, keur bareto emang jadi supir tuan Kaminga. Pokona mah euweuh lawan dijalan. Tibarang kaluar ti jalan Lautser Mayestik tepi ka lapangan udara Kemayoran. Hih nyupir tea teu sirikna peureum emang mah. Keun wae kombi dititah leumpang sorangan, emang mah nyahona nepi weh." Agulna bari meureut daun kawung anu geus dieusian bako tampang, terus cekres weh rek ngudud. "E-eh mang, ulah ngudud dilebet mobil, melang ka pun incu Gaby." Cekeng teh. "Na kunaon kituh?" Polototna kawas anu kasigeung pisan. "Hoor kapan bau." Cekeng deuih. "Huh karak boga incu hiji waeh geus teu bisa ngajaran." Ngadadak kuring ngerem. "Kunaon eureun Man?" Sentakna. "Kapan eta aya angkot menta jalan." Cekeng deuih. "Halah maneh mah ari dijalan mah ulah sok ngelehan teuing matak lila nepi." Godegna bari murukusunu.
"Haduh Man, cing eureun heula. Emang hayang modol yeuh." Gebahna bari ngusapan bujal. "Saurna emang bade nyarap heula di Ciawi, kapan urang teu acan mumuluk." Enya matak heran isuk keneh cacing beuteung geus pating kurubuk menta eusi. Mangkaning lamun elat dahar tea, sok peurih hulu angen kuring mah. "Nya enggeus engke wae dahar mah, anu penting emang hayang modol geus sakari karien yeuh." Bujurna elekesekeng, jaba kesang ngoprot tina tarangna.. "Nya hayu atuh urang nyimpang heula di pom bensin Ciawi. Heug emang sing salse." Cekeng teh, bari mere duit duarebu keur mayar. Kitu turun, ki Surmin laju gura giru ka wese rek miceun. Saleungit huluna dibalik tembok, dius weh uing indit rek mumuluk bari ngopi kapan tadi teu kaburu. Jaba juragan geus nelepon bae, hayang buru buru ka anu ngora.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar