skip to main |
skip to sidebar
Fikmin#BULE#
Teuing ku hanteu, waktu abah ngalanto ka BTM, aya sababara pasang soca rumaja anu rajin mendelongan bari imut manis matak kairut. Saprak mesen cikopi terus ngajinggo, kadangu anu pating kecewis, "wew keren euy, kajeun teuing geus kolot oge anu penting mah bule. Heug kadinyah bagean maneh." Bari ngadagoan batur anu can datang, abah gular giler neangan posisi sakadang bule tea. Tapi bating ilad. Hiji awewe gandang ngadeukeutan, tapi terus balik deui ka kumpulan saulinanna. "Bule timana euy? Ngarokona wae Menakjinggo," laporna bari nyikikik seuri koneng. Hehe, rupana abah anu disangka bule tea geuning. "Sumuhun neng abah bule janggotna."
Tidak ada komentar:
Posting Komentar