Selasa, 06 Maret 2012

REKAS


Fikmin #REKAS#
Kamari nempo budak dilembur, terus ke masigit Baitul Huda rek fardlu 'Ashar. Kitu salam ka beh katuhu, kalirik hiji lalaki kuru keur sila ngitungan siki tasbeh, dibeh ujung mihrab. Ditembok beulah katuhunya nyampak disenderkan kruk. Parele ngadoa, kula hudang rek balik kaimah. Eta lalaki ngasongkeunkeun leungeun kuruna, waktu kula nepikeun salam. Sapada harita ramo kula diciuman.

"Hapunten Rekas nya kang Eman. Emut ti kapungkur seueur dosa ke akang."

Jadi inget bareto pedah ku kutil ieu, kula nungtun sapeda motor, sajajalan ti bioskop Dewi kaimah. Enya 2 ban motor kempes kabeh, gara2 beurangnya kula mugen mere duit keur meuli wiseng, saenggeus Rekas nakol hulu anjing, ngabedah kupeso, terus ngahakan dagingna, di pojok poek bangunan imah anu can jadi. Pantesan weh kitu arek asup kabioskop, kalirik Rekas jeung babaturan premanana sura seuri kawas ka anu eusleum, waktu papaliwat dipintu asup.

Ngarasa kula cicing pedah masih ngalamun, lalaunan Rekas cengkat bari ngarahuh, masang kruk dikelek katuhu. Lalunan leumpang nyered suku ke panto kaluar masigit.
 ·  ·  · http://www.facebook.com/groups/fikminsunda/permalink/342505939124313/

Tidak ada komentar:

Posting Komentar