Sabtu, 31 Maret 2012

DIGAPLOK CAWENE


Fikmin #DIGAPLOK CAWENE#
Teuing kunaon, naha bet sioom remen polotot ka uing. Kapan hubungan sapopoe jeung inyana biasa biasa bae. Atuh si Mean batur ulin, si Elen meh unggal peuting diwurukan pelajaran tambahan, aljabar ilmu ukur bahasa Inggris. Heueh sih urangna oge bari bogoh, tapi kapan si Elen mah sok galak teuing jadi cawenena. Jadi kapoklah, saenggeus uing digaplok dina beca, waktu balik tas lalajo pelem di Menteng. Tidinya uing tara deui daek mantuan ngajar, sanajan manehna keur ulangan umum oge. Enya kamari nyak Indun nasehatan uing, "elu jadi lelaki nyang sabar ngapah Man. Si Elen entuh rempuan cakep, mane kulitnye item manis lagih. Coba kalu eluh dapetin, nggak bakal nyesel dah. Ketagian malah, barangnye kayak ketan." Teuinglah, uing teu ngarti.
 ·  ·  · 2 seconds ago

KING EMAN


Fikmin #KING EMAN#

Sssttt aya gosip anyar ning, King Eman. Tada teuing penginten matak anehna ieu gosip anyar ti neng Siti Julaiha. Mangga wae galeuh, *ichal,,ga mengertikah?? Tanya lah sama King Eman.* Kuhebat basa Sunda, tina engking disingget keren janten King. WEw, hehe.
 ·  ·  · a few seconds ago

Jumat, 30 Maret 2012

KEUEUNG


Fikmin #KEUEUNG#
Tongboro arek suka sono ka anu ngarana peuting Jumaah. Sabada tawasul bari batuk ngoklok. Ngarasa tunduh naker, jaba awak puringkak puriding bakat ku muriang. Kuring asup ka kamer, arek ngalelempeng maneh. Keuh weh jikan mah ngagoler hareupeun tipi, kapan cape sapopoe jeput leuleumpangan di Jakarta, anu teu perenah wae aya longsong di sajajalan. Bari murungkut awak nahan tiris, anu beuki lila beuki angot weh. Bari tunduh oge rut ret nenangan simbut, sanajan bari mopoek deuih. Aya ngeunah meueusan sanggeus diharudum simbut, buni nepi ka butak hulu. Ngan orokaya, gelebut angin peuting ngareketkeun panto. Hih siga weh aya anu iluan asup ka kamer. Arek direkepkeun hoream, keun weh lah arek dijadikeun batur sare bae.
 ·  ·  · 2 seconds ago

TRANG TRANG KOLENTRANG


Fikmin #TRANG TRANG KOLENTRANG#

Jumaah beurang hujan ngaririncik, awak asa puringkak purinding katiup angin halon. Ti kajauhan, gunung Pancar katutup mega bodas lir anu disimbut tiris. Naha bet uing inget keur leutik di Linggajati. Diuk dina palupuh bari ngejejekan bangbarung, anu awi bitung beulah katuhu aya anu pegat tali injukna. Kekeretekan diulinkeun ku tincakan suku, bari diharudum sarung. Kapan keur nungguan Apa sareng Mimih sumping ti Jakarta, bade nyandak gelas ngenclang rupi rupi kelir pikeun jualeun deui.
“Eman eta awi ulah diulinkeun. Gandeng.” Kituh saur nini Djubah, bari ngasongkeun sapiring kulub boled anu masih ngelun. Aki Abda ngan ukur seuri, bari ngenyotan udud kawungna. Ti beh masigit, aya sora budak sakola anu reang nembang teuing ulin, “trang trang kolentrang. Silondok paeh nundutan. Nyabit gobang kabuyutan. Trang trang kolentrang.” Mani waas temen. Bari ngangkat mug eusi cikopi semendo, kiriman ti Tanjung Enim. Euh, sawer ning. Cekeng, bari nyingsatkeun kolor aki.
 ·  ·  · 2 seconds ago

DIUS


Fikmin #DIUS#
Lamun parantos sehat tur salse mah, akang hoyong dius weh ka nyai. Kapan malem Jumaah, hoyong kumetap sakuliling bungking. Kajeun teuing BBM arek naek oge.
 ·  ·  · a few seconds ago

Selasa, 27 Maret 2012

LIBUR SAMESTER


Fikmin #LIBUR SAMESTER#

Horseh, antukna wanci libur semester datang oge. Kajaba Mimin bangun anu teu sabar pisan, hayang geura panggih ka abahna. Kumaha atuh kapan asa matak gering pisan, cicing dikota bari sosoranganan kieu mah. Hehe kabayang weh segerna hawa tiis, dipasantren Gunung Pancar. Enya Mimin geus meunang widi ti kiai Soleh, pajarkeun kuring meunang milu niiskeun pikir. Kapan geus saminggu kuring kaluar di rohang parawatan rumah sakit, alatan kasakit jajantung.
“Muhun bah wios nyalse abah di dieu. Di gunung urang jalan - jalan pagi. Raos teh bah udarana seger pisan. Nuhun upami tos sakinten mah, abdi teu melang teuing.”

Nya meunggeus atuh arek ayeuna wae sorangan indit ka Bogor, sugan wayah Lohor geus nepi. Ngan sakaluarna Katana ti jalan tol beh Citeureup. Geuning remna blong. Nyaho soteh, saenggeus mobil teu katahanan tikecebur kana wahangan. Da eta keur tarik aya ucing nyebrang, atuh ku kuring banting setir. Duh, kajaba masih jauh tangeh!
 ·  ·  · about a minute ago


http://www.facebook.com/groups/fikminsunda/permalink/355027187872188/

ANING


Fikmin #ANING#

Peuting anu teuing ku tiris jeung loba rametuk. Geus dua poe, Ibah batuk jeung pilek. Sirah leneng, angen heneg. Jajantung ratug, teuing ngaleglegan teuing ubar. Kajaba ngadak2 hape beakeun pulsa deuih, mani teu bisa ngirim sms ka Aning pamajikana. Makana satasna ‘Isya, Ibah dahar terus neureuy ubar, mareuman hape terus ngedeng. Sugan ari dikedengkeun sirah moal nyeri teuing. Sakira jam satengah sawelas Ibah hudang, beuteungna kukurubukan menta eusi. Barang dahar sesa sangu bungkus, ramona ngahirupkeun hape. Kitu hurung, teu kungsi lila aya tanda sms abus. Bral dibaca gebeg weh Ibah ngarumpuyuk lungse. Na kudu kumaha atuh? Kapan gajian masih saminggu deui. Jaba loba hutang. Geus tangtu Aning capeeun teuing balas mantuan anu pindah, jaba maag kambuh anu matak panas awakna tinggi. Anu paur mah sieun katarajang tipes. “Bah, doakeun suhu badan mencapai 40. Alhamdulillah nuju dikompres. Tulang asa remek. Tirisna luar biasa.” Duh Aning, masing shabar nya geulis. Arek kumaha?
 ·  ·  · a few seconds ago


http://www.facebook.com/groups/fikminsunda/permalink/354443291263911/

Senin, 26 Maret 2012

DUKUH1


Fikmin #DUKUH1#

Karak rek indit midang, kurunyung aya sms ti minantu. "Pak, upami teu janten repot, panggaleuhken dukuh sakilo wae nya. Hatur nuhun, hehe." Duh ieuh naha make Apa repot atuh, kapan Apa bungah pisan aya pamenta ti hidep, anu keur kakandungan incu kadua. Jam dua beurang indit ngaliwatan pasar Ciawi, laju terus ka panyabaan di Caringin. Balik ti ditu jam opat, da ngan sajam nyemah teh. Jam tujuh saparapat, harepan kari hiji tempat nyaeta pasar Madang, sugan masih baruka keneh. Meh deukeut pasar, masih aya anu ngajual dukuh. Aya heneg nempo kelir kulitna barengep. Terus dipurak diasaan hiji. Ngeunah geuning, amis tiis semu haseum. Milu nguntuy mesen sakilo sapuluh rebueun. Keduk keduk tukang dukuh tea, make piring palastik dikana wadahkeun. Laju dikilo aya genep welas ons na. Terus dikurangan saeutik. Itungan masih opatwelas ons, kantong palastik geus ditalikeun. Bayar weh, dius balik bari gura giru, kapan watir bisi minantu kaburu sare.
 ·  ·  · a few seconds ago


http://www.facebook.com/groups/fikminsunda/permalink/354003697974537/

RATIH


Fikmin #RATIH#
Urang mah sok sahinasna wae, tara sok kukumaha ambeh kaitung kumaha kituh ku batur. Teuing da teu biasa ngararapihkeun maneh ambeh siga anu heueuh. Tapi waktu manggihan Ratih mah, rarasaan tea enya ngarasa salah. Bakat ku basajan. urang datang ngan disandal teplek, jaba jambrosan deuih. Barang Ratih, kitu jut turun tina mobil kantor, kapan sakitu gindingna. Jaba rupa anu geulis awak sampulur. Istimewa deuih seurina anu ngagemplang dina biwir beureum. Dipakulitan anu bodas semu koneng enay. Beuh enyaan siga eros ditamansari weh. Anu matak awor mah, kitu kuring gugupay mere tanda, Ratih langsung ngarontok bari nyuuh kana dada. Selengseng seungit eros, namprak dina beuheungna anu pikabitaeun. Tangtuna sababahara pasangan mata arolohok. “Kumaha akang, leres kitu akang rido mihukum Atih?” Karak oge calangap, geus disusul ku peredih, “anu Atih peryogi mah status kanggo pun anak. Karunya akang, kapan Alia teu bapaan.” Duh Atih kapan salira nembe 32, barang akang 68. Kumaha?
 ·  ·  · a few seconds ago


http://www.facebook.com/groups/fikminsunda/permalink/353968311311409/

EKSOTIS


Fikmin #EKSOTIS#
Aya 3 macem sato eksotis di sabudeureun imah incu. Nyaeta haphap, londok jeung careuh. Kuloba haphap anu arulin dina tangkal kayuputih hareupeun imah, lalumpatan ocon jeung baturna. Antukna laluncatan ngapung ka tangkal anu sejen. Ngan eta saenggeusna Gaby miara ucing bikang beger, anu sok newakan haphap diudag nepi ka luhur tangkal. Ayeuna mah tara sok katingali deui. Lamun londok mah kakapeungan ayana, biasana pabeubeurang sok kadangu gusrak gusrakna diluhur tatangkalan, siga anu keur eleg silih udag. Lamun keur beger tea, anu jaluna sok mindakelir jadi geunteul nepi ka hideung. Anu bikangna tetep wae hejo. Bieu keur ngalamunkeun lalakon isukan Senen hayang ka Bandung, anu bangunna kudu bolay pedah keur katarajang batuk pilek. Tina sorot cahya lampu mercury kana tembok, aya kalangkang hideung anu oyag. Kitu ditingali ka beulah kulon, kasampak aya careuh keur nete kabel udara, arek kabeh kalerkeun. Barang uing hudang, careuh tea reuwaseun, terus weh lumpat sakulampetna.
 ·  ·  · a few seconds ago


http://www.facebook.com/groups/fikminsunda/permalink/353883217986585/

BANGBALUH


Fikmin #BANGBALUH#
Peuting geus jempling, barudak geus sarare patunggir tunggir. Si ema geus ngaringkuk ngan disasarung wungkul. Kapan kitu biasana oge, ambeh lamun uing aya kapalay tinggal singsatkeun weh. Diluar kasada kontreng kontreng tihang listrik, ditakolan dua kali ku anu ronda. Nandakeun geus jam dua geuning. Angin peuting karasa ngagelebut tiris, tapi awak asa paranas. Keur mikiran, naha arek kamana atuh pindah tea. Kapan moal saeutik eutik kana waragad. Balik weh kalembur kitu. Enya meureun pacabakan anu purah meresihan kampung mah, dimana mendi oge pasti laku bae panaga mah. Tapi kapan kudu ti awal deui, lamun cocog jeung babaturan anyar. Kapan ari dideu mah kajeun lain kota gede oge, tapi panghirupan mah asa mayeng, kapan dua budak oge sarakola di SD. Anu leutik mah kapan karak tilu taun. Heueuh ari anu ngarana pamarentah, euweuh wae anu aringeteun kasusah wong cilik. Kahayangna wae diagan agan. Kalakuan mah teu sirikna jiga anjing kampung.
 ·  ·  · about a minute ago


http://www.facebook.com/groups/fikminsunda/permalink/353847394656834/


Minggu, 25 Maret 2012

RONGGENG MONYET


Fikmin #RONGGENG MONYET#
"Naha atuh sia teh, kapan monyet, piraku dibere nyatu cau wae make embung. Piraku urang kudu marab make hayam goreng KFC onaman. Kapan urang wae dunungan sia, ngan dahar make tempe jeung uyah gaganti hulu peda. Nya sahuap kejo sagegel cengek ketah. Heh monyet siah, kamari mah budak awewe tea lain anu heueuh arek maraban sia ku hayam KFC. Tapi kapan inyana mahasiswa ti paguron luhur, anu keur nyatetan naon wae anu ngarana hiburan rakyat tea. Tah urang e-eh sia ronggeng monyet, kaitung aya deuleu. Heug ayeuna mah sok dines deui." Tapi monyet angger ngabigeu.
 ·  ·  · a few seconds ago


http://www.facebook.com/groups/fikminsunda/permalink/353716601336580/

NIKAH SIRRI


Fikmim #NIKAH SIRRI#
Hehe pas dalapan jam ngajugjug Desi ti Jakarta. Kitu eureun, bari milu parkir di baledesa. Jut turun bari ngunjalan jingjingan utamana sakotak pizza. "Heug wae ku Aa bade dikumaha oge, asal minggu payun Aa kadieu pang nyandakeun pizza. Tos lami pisan, Desi hoyong ngaraosan anu namina pizza." Duh etah, kapan teu hese geuning peredih budak SMA, anu rek maturan kemit sapeupeuting di gunung tea.

Ngan kitu nepi ka imahna, kasampak Runi, indungna Desi keur ceurik. Cenah mah Desi kabur teuing kamana. "Ari dikinten mah sasarengan ka gunung sareng bapa." Kukuring jelaskeun, lamun kuring karek datang. Bari neundeun kotak pizza, anu langsung dibuka, terus didalahar ku opatan anu araya didinya. Teu bisa majar kumaha, piraku ngomongkeun lamun pizza tea keur Desi. "Kanggo ka gunung mah, keun ku kuring baturan. Asal ambeh henteu rame, urang nikah sirri weh." Hor atuh naha arek kumaha, kapan Runi oge nyaho lamun urang jeung Desi pada bogohna.
 ·  ·  · about a minute ago


http://www.facebook.com/groups/fikminsunda/permalink/353292078045699/


Sabtu, 24 Maret 2012

BATOK KOHOK WADAH HUUT


Fikmin #BATOK KOHOK WADAH HUUT#
Alatanana mah teu pira, kamari keur nganteur Gaby kasakola, mastaka kaparibisan. Naha sapeupeuting jeput awak hareeng. Jaba hirung mangpet, jaba batuk kerep, anu tambah lila tambah gogolonggongan. Ngan eta weh anu matak sebel, kalahka gede hitut. Geus meh janari tapi can bisa sare, sangkilang geus neurey ubar pilek meler, jeun ngaregot ubar batuk sirop anu ngeunah amis. Alhamdulillah, meuereun ku teu tega teuing kaganggu sare, pamajikan mantuan ngerokan sakujur awak. Terus digulusuran, pon kitu oge sasukuna. Ngan nyaeta, lain abah teu nganuhunkeun kana kaasih jikan. Tapi dalah arek dikumaha, kapan ari bobos mah matak teu bisa katahan. "Eulueuh si abah mah, batok kohok wadah huut." Hehe enya, batuk ngoklok bari gede hitut.
 ·  ·  · about a minute ago


http://www.facebook.com/groups/fikminsunda/permalink/353041134737460/


Jumat, 23 Maret 2012

ENIN


Fikmin #ENIN#
"Bah, hayu atuh ..."
"Naon?"
"Hoyong dipanggarokeun tonggong."
"Sok atuh Enin kadieu. Geura nangkuban atuh."
Cekeng, bari mata mah anggeur neuteup fikmin ki Rudi Riadi #LUKISAN#
"Alim ah, hoyong di kamer ambeh sakantenan sare." Huh ari inin inin, kawas anu keur oleng panganten wae. Cekeng, bari mareuman komputer jeung monitor.
 ·  ·  · a few seconds ago


http://www.facebook.com/groups/fikminsunda/permalink/352617901446450/

BERHALA


Fikmin #BERHALA#
"Bapa kapan saur ustad, dibumi urang teu kenging aya sabangsaning berhala." Kelet pamajikan keukeuh. "Tapi Mah kapan patung ieu sanes berhala, kapan urang mah teu muja ka patung, anging ka Gusti Alloh bae. Kapan patung ieu candak bapa di Amerika, digaleuh waktos ka Jepang taun 1976." Cekeng angger ngaelapan, bari niupan lebu beh sisi anu teu kahontal ku usap lamak. Kulucu ieu patung karamik teh, jaba gendut sakeupeul, tonggongna copong. Jaba paroman anu matak hayang seuri. Kapan maksudna oge piken pangdiukan bolpen, sakalian panindih keretas boh dokumen diluhureun meja kerja. Jaba dialasna aya cap bulao aksara kanji, jeung aksara Latin, unina Kawahara. "Enya bapa, pokona saur ustad, naon wae anu mangrupa berhala, naha disembah boh hanteu, teu kenging aya dilebet bumi. Matak dijauhan malaikat." Peredihna pengkuh geus saminggu ieu. "Pokona mah kieu wae, heug ku bapa pilih, naha berhala eta anu aya dibumi ieu, atawa milih Mamah!" Bleng weh, sirah muter.
 ·  ·  · a few seconds ago


http://www.facebook.com/groups/fikminsunda/permalink/352601394781434/

FOTO


Fikmin #FOTO#
Sakapeung mah sok keuheul ka jikan, geus puguh salaki keur pogot ceting mesra ka anu di Riau. Kalahka hayoh weh ngadeukeutan. Untung weh kaburu ngeklik Home fb, bari api api heheh kapiasem. "Mana bah foto foto anu tadi, waktos disakola Gaby tea."
 ·  ·  · about a minute ago

http://www.facebook.com/groups/fikminsunda/permalink/352450278129879/


IDING


Fikmin #IDING#
Inget bareto keur si Nyai masih salakian keneh ka si Iding. Teuing ku galak timburu, teu sirikna si Nyai teu meunang ingkah. Tongboro ka pasar, kajeun ka warung oge teu weleh ditutur tutur kawas ucing beger. Duh kabeh oge pada arapaleun kana kalakuan si Iding mah, jaba kamamana oge hayoh wae nyonyoren bedog. Karak oge urang jol mulang ti Jakarta, kadangu si Nyai keur ngabangingik ceurik. Mitoha jeung anak anakna, nya adi beuteung urang, pada ngumpul kawas anu keur padami teuing naon. "Tah geuning Herman." Cak mitoha berag, terus lapor ieu itu kusora bangun melang. Kapalang cape, urang dekur weh nyampeurkeun kana buruan imah si Nyai. Kadenge sora si Iding halon ti beh dapur, "paehan entong .... paehan entong." Sora si nyai masih ngabangingik. Teu antaparah deui, ku urang tajong weh panto dapur tepi ka ngajeblag. Kapan geus meunang mandat ieuh ti mitoha. "Aya naon ieu teh Iding. Naha maneh teh ..." Teu kebat hahaok, kapan sidik ramo kenca si Iding keur nyekelan beuheung oray kadut. Lengeun katuhuna mah enya keur nyekel gagang bedog bari nagog. Ana gantawang teh si nyai hahaok, "nanahaonan si kang Herman teh. Sok ngareureuwas kitu kalakuan siga garong weh. Tadi Nyi sieun ka oray kadut, deuleu"
 ·  ·  · about a minute ago


http://www.facebook.com/groups/fikminsunda/permalink/352424741465766/