skip to main |
skip to sidebar
TUKANG URUT
Fikmin #TUKANG URUT#
Karak sataun ngabuka usaha, ditempat anu kaitung pusat bisnis Bintaro. Keun teuing usaha tukang urut ogé, anu penting aya tempat keur nyiar kifayah. Sangkan pikiran henteu ngaruwet teuing. Henteu arék ngaruwet kumaha coba, kapan pamajikan anu karak 6 bulan dikawin. Dipangkaburkeun ku anggahota fikmin. Teu boga jodo panjang wéh meureun, Kersaning Allah Ta’ala. Geus 3 bulan ieu sok aya sémah anu ménta diurut, alatan tonggongna gedé sabelah katuhu. Saurna mah sok nutu teuing waktos mojangna. Ibu Rahma, hiji wanoja 40 taun rupina pejabat téras Pemda, anu karawat pisan salirana. Jaba tos 5 taun ngabuka usaha fitness di Blok M. Unggal dinten Sabtu anjeuna sumping, uken diurutan bari cacarios naon waé. Tos 3 taun ngarangda, carogéna pupus dina kacilakaan pesawat di Timika Papua. Saurna mah anjeuna kasapta, kana nikmatna gulusuran ramo kuring. Sabada diurut, anjeuna lajeng kulem nangkuban, bari disarung wungkul. Jaba salira téa sakitu enay sampulur, matak ramo ngaleper.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar