skip to main |
skip to sidebar
INSOMNIA
Fikmin #INSOMNIA#
Salila saminggu sakabéh urusan asa geus diwangkongkeun jeung manéhna. Sugan mah hening waé, kapan asal ngobrol pameunteuna daria naker. Loba suka seuri, jenuk teuteup, beunghar imut. Kaciri atra geulisna. Kasampak nyata kaendahan rupana. Asal datang wayahna leleson, kacipta gelenyu amis seurina, dina wangun biwir anu sakitu matak kareureutna. Matak héran kasalakina, piraku geus tilu taun euweuh sonosonona. Piraku teu karunya ka anak awéwé anu ngan hijihijina. Budak apik camperenik, karawat anu teu sirikna ditatap diusap. Anu keur meujeuhna loba pangabutuh, lain ngan saukur dahar jeung pake wungkul. Sanajan enya umur budak karak opat taun ogé. Tapi kapan butuheun pigur bapak anu ngaping indungna. “Teu langkung, kumaha pangersa engkang waé.” Cak manehna, bari ngangkat budak arék dipindahkeun ka kamerna. Geus biasa, sorot matana méh alum deui. “Kieu waé atuh, upami kin wengi nyai henteu tiasa mondok. Ulah mungpang. Panto kamer mung ditutup.” Sakira jam dua, panto kamerna karungu ngérékét muka.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar