Salira Bén, pun incu kadua parantos lahir. Tadi enjing 9 April 2012, tabuh 09.22. Tikamari ibu ramana parantos angkat nyaketan RSB Asih di Kebayoran Baru. Kapan upami ti Sétos mah, Insyallah moal tebih teuing. Kajabi jalur lalulintasna moal macét teuing. Tadi énjing sanaos angkat telat ti Sentul ka Panglima Polim II. Alhamdulillah henteu patos macét, iwal disabudeuran Cawang. Kukaweur, Mus lepat jalan di Ratu Plaza. Kedahna majeng ka Sisingamagaraja, malihan kaluar kajalur lémbét. Teras dibunderan Senayan kedahna méngkol ka kiwa, malihan nyandak kabéh tangen. Atuh ka Gelora Senayan deui, muter di Semanggi teras lebet deui ka Sudirman. Langsung ka Sisingamangaraja, teras ka Panglima Polim. Waktos dongkap ka RSB Asih, rupina néng Wiena parantos di OK. Kapan saur néng Linda mah, Bén parantos lahir via Caésar séctio. Alhamdulillah duanana séhat sampurna. Malihan néng Wiena nuju latihan menyusui deui. Maklum wéh tétéh Gaby parantos badé 6 taun, engkin ping 23 Méi.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar