Jumat, 06 April 2012

RAJAPATI



Fikmin #RAJAPATI#
Hiji kalangkang peteng ajleng ajlengan euweuh sora, terus ngalayang ngaluncatan témbok. Terus ngajleng deui pas nyéngclé handapeun jandéla. Seleser manéhna gésér ka deukeut dapuran eros. Manéhna mebeskeun kerepus laken bari nagog. Jaba angin peuting ngagelebut, matak untung nyingkahkeun rambetuk. Poé karak tengah peuting, sanajan alam poék ku angkeub, sigana mah sakeudeung deui bakal der hujan. Matak ngeunah ngajalankeun aksina. Dekur manéhna ngaluarkeun mikropun, terus ditempelkeun kana kaca nako béh sisi anu panghandapna. Earphone diselapkeun kana liang ceuli. Terus amplifier mikro dihurungkeun lalaunan, disetel volume sacukupna baé. Kadéngé sora awéwé jeung lalaki keur ocon. Beuki lila ocon téa matak ngahudang birahi. Peuting mémang tiris matak awakna murungkut, tapi ngadéngé sora modél kitu, lila lila awakna asa ngahéab. Nyel ambek nyedek. Lalaunan manéhna cengkat ngabuka kaca nako. Terus nyekel péstol FN kalibér 32 anu maké peredam. Disingsatkeun lawon hordéng batik. Lalaunan ngabekaskeun pelor, katargét mangrupa hulu lalaki keur nindihan pamajikan ngorana.
 ·  ·  · 2 seconds ago

Tidak ada komentar:

Posting Komentar