Rabu, 04 April 2012

PARIRIMBON


Fikmin #PARIRIMBON#
Sapopoe uing huleng jentul, mikiran naon hartos impenan. Tadi peuting ngimpi huntu hareup beh handap coplok, bakat kukaget terus mandi diwalungan bari ditaranjang. Ras inget ka abah Beos, saharita uing sumping ngadeuheus. Kapan tos lami tara silaturahim ka karuhun. Untung weh abah aya keur ngamandian si Beos, manuk perkutut kameumeutna anu kari hiji hijina. Abah teras weh muka buku heubeul siga paririmbon, anu diserat dina aksara Kaganga. Teu ngarti uing mah. Teras wejangna, “Alhamdulillah. Gusti Allah maparin pangaping ka hidep, mangrupa guru elmu panemu. Makna waos coplok teh, bakal aya wargi kinasih anu bakal gering wales. Upami ibak ditaranjang di walungan tea. Maksadna salira bakal mayunan kawiwirang, anu matak hidep kaweur bingung. Dupi cai walungan tea herang atanapi kiruh?” Uing poho naha herang atawa kiruh. “Kiruh abah,” tembal uing asa asa. “Lamun herang matak bingung, lamun kiruh matak bingung nangtung.” Bingung nangtung? Arek nanya deui, tapi era bari hate ratug.
 ·  ·  · 2 seconds ago

Tidak ada komentar:

Posting Komentar