Minggu, 08 April 2012

RINGRANG


Fikmin #RINGRANG#
Moal aré k ngabibisani, balik nyaba awak asa ripuh. Jaba haté tiris deuih, kapan éta rasa tiis nyecepna nyaliara ka sakujur awak. Geus dikerokan pé dah ngarasa asup angin. Geus diurutan, pédah sajajalan aya salilalila kabekuk dina korsi beus wisata. Iwal tisaré nikmat waktu di hotél. Kajaba asal eureun diobyék wisata, kapan néangan kios anu ngajual pocer, pédah geus dua poé béakeun pulsa. Dihaja hapé dipareuman, kapan lamun nampa sms moal bisa ngawales, paur matak tada teuing keuheulna kaanu nungguan waleran. Héhé biasalah, kapan teu dihurang teu dikeuyeup, kasono mah sarua waé. Kitu balik sapeupeuting ngirim sms jeung béwara anu lebéng, tepi kaayeuna euweuh pisan balesanana. Huh, ganti nomer kituh? 3 kali nelepon nada sibuk waé.Beu ngambek meureun. Sakali deui, karak kadéngé sora nyambung. “Assalamualaikum.” Tah aya sorana anu teuing ku halimpu, matak nyecep kana haté. Ngaleungitkeun karingrang, ngahaneutan qalbu jeung katrésnan. Alhamdulillah. Nuhun Gusti. Rupana ning loba sémahna.
 ·  ·  · 2 seconds ago

Tidak ada komentar:

Posting Komentar