Jumat, 06 April 2012

KATRESNAN


Fikmin #KATRESNAN#
Katrésnan. Sarantos sumping waktos anu mustari, kahoyong saénggalna sumping kana lahunan salira. Urang jaitkeun kadeudeuh tur kaasih salawasna. Sanaos angin tarik ngagelebut, langit angkeub hideung nutupan béngras haneutna saréngéngé. Keun teuing, kapan aya salira anu matak ngahaneutan sajeroning haté engkang. Permios badé angkat heula pancén tugas anu henteu tiasa dipungpang, kapan badé saha deui nya miang lamun sanés engkang. Heug antosan pamulang engkang masing tarapti, kin urang adumanis napakan deui poé anu matak tada teuing taeuna. Pileuleuyan katrésnan. Heug sanggap carécét, anu dihiberkeun kasalira dihaneut moyan. Katrésnan. Bakal kasebatkeun kakasih salira, dina gelebutna angin peuting. Anu nyaliara dina saresetna sacuruk getih, dina alur jeung galur hurip, dina sagenclangna munara cahya.
 ·  ·  · 37 seconds ago

Tidak ada komentar:

Posting Komentar