Selasa, 03 April 2012

HAREWOS


Fikmin #HAREWOS#
Kuring mah lain arek ngabibisani, tapi pangalaman keur ngora. Salah sahiji adat goreng urang umbul Lingarjati tea, nyaeta sok ngaharewos. Kapan teu dimana teu dimendi, tangtu aya weh anu sok menyalurkeun hobbi rewos tea. Mending lamun anu diharewoskeun sifatna penting boh rusiah. "Eman kadieu." Saur wak Mi, keur pendak di alun alun sakaluarna kuring ti masigit Al-Falah. Namina oge katetehna pun bapa, atuh tangtu diperyogikeun. Terus wak Mi nyarios kieu, "lain Eman, si uwa mah ewes ewes ewes." Saurna bari jengke, ngadeketkeun lambena. Ngan eta bari socana gular giler, atuh matak janten perhatian balarea. Padahal lamun nyarios ewes ewesna bari ngagorowok oge da moal matak nanaon, kapan lain rusiah. Tah kalakuan kitu tea nyampak dimana wae. Naha di Lingarjati, keur ka pasar Cilimus, lamun di Jakarta, pon kitu oge lamun keur nganjang kaanu di Bandung boh Palembang. Hehe, aneh. Tapi teuing ketah kumaha generasi Linggajati ayeuna? Asana mah moal sugan.
 ·  ·  · 2 seconds ago

Tidak ada komentar:

Posting Komentar