skip to main |
skip to sidebar
BUNGKUS
Fikmin #BUNGKUS#
Abong kuagulna juragan Haji Samid ka putrina, anu saurna sakola mung dugi ka kelas 3 Sakola Dasar di Cibangkong. Saurna néng Sanih Lasmini, tos mindeng ngiring latihan janten modél iklan sareng béntang pelem. Saurna néng Sanih mah ageung bakat bakal janten modél kelas internasional. Saurna bakal setara sareng Sophia Loren ti Amerika. Kamari wengi wae waktos ngarayakeun ulangtahun ka 17, kapan dilaksanakeun direstoran pangawisna di Laan Braga. Bakat kuteuséépna katuang, sadaya sésa tuangan disuhunkeun ku nyonyah Ipong ka pelayan, supados dibungkus. Keur tuangan ucing, cénah mah. “Dupi anu badé dibungkus sésa anu mana waé, juragan?” Saur pelayan. “Sakabéhna waé, naon waé sésa tuangeun. Kapan lebar, jaba lumayan keur paragi ucing neda.” Teu talangké, kepala pelayan nyanggakeun 2 bungkusan ageung, sésa tuangeun naon waé. Anu ditampi ku juragan nyonyah Ipong, bangun sugema naker.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar