Minggu, 08 April 2012

KAMANA


Fikmin # kamana #

Poe ieu karasa cakuem padahal panon poe moncorong komo langit mah lenglang, euhhhhh..... lalangit hate kuring nu angkeub mah geuningan, Tuti ngagerendeng sorangan. Leos ka pipir manehna kalah ngurilingan dapuran cau, cenah pajar teh tadi siga si akang nguliwed nyumputan, belenyeng ka buruan beretek lumpat ngudag nu lempang, pas malik geuning lain ieu mah geuning mang Dodo tukang samak, manehna balik siga nu lungse sup asup ka enggon, pajar teh di enggon asa di kamar cai tiis kabina- bina, tungtungna hing weh ceurik bangun kanyeyerian bari sasambat,
" ayangggggggg aku lagi galau , di telepon teu diangkat, SMS teu dibales, naha kamana atuh, sadinten jeput abdi ngantosan tranfer nu teu acan dugi wae, tos teu kiat hoyong balanja sareng ka salon hik hik hik "
 ·  ·  · Friday at 2:50pm

Tidak ada komentar:

Posting Komentar