Rabu, 04 April 2012

NYAAH


Fikmin# nyaah#

lamun kuring bareng jeung si ayang kudu we ninggali panon jeung paroman siga nu aneh , rajeun nanya matak nyentug kana hate, siga tadi isuk - isuk kuring ngajak si ayang jogging mapay lembur nu dilingkung gunung.
" aduh neng tuang eyang meni jagjag sareng katinggal anom keneh nya , masih kiat lari pagi "
" bi.... sanes pun aki ngenalkeun ieu pun lanceuk !"
Kuring dilembur ieu karek tilu poe anyar pindah, pantes can arapaleun nu mana salaki kuring, katinggali paroman bi Cucu siga nu era jeung reuwaseun, kuring ukur seuri bari terus amitan neruskeun lalampahan.
Terserah ah rek disangka itu ieu oge ku batur, ari kuring nyaah ka si ayang saha nu bisa ngahalang - halang, padahal umur kuring jeung si ayang teu sabaraha jauh kuring umur duapuluh opat taun si ayang genep puluh tujuh taun, naha batur bet ngarasa araneh teu ngarti kuring mah.
 ·  ·  · about an hour ago





Tidak ada komentar:

Posting Komentar