Rabu, 04 April 2012

ANGPLIPAYER


Fikmin #ANGPLIPAYER#
Bareto keur zaman Orba, memang loba syaiton di masjid. Make sapeker teu puguh wayah, sangeunah nongtot boolna weh. Unggal isuk jam 2 sapeker geus cocorowokan shalawat tarik naker. Kaitung du’a shubuhna parele, kakara angplipayer dipareuman. Kapan urangna weh balik kuliah tengah peuting. Isukan jam genep geus kudu indit kakantor. Makana sok males ririungan ka masigit, abong keuheul ka pangurusna. Kajaba lamun pas shalat jamaah Shubuh, kapan eta wungkul anu bisa. Ngalaksanakeun kawajiban agama jeung silaturahim ka warga saerwe. Kapan rumasa lamun engke paeh, dekan moal bisa mendem diri sorangan. Alhamdulillah, kiwari mah geus rapih tatalaksana masjidna oge. Boh Al Ikhlash di Tangerang, oge Baitul Huda di Jakarta. Jaba ngarasa awak geus kolot. Hirup ditutur ku mangsa, paeh ditutur ku pati. Ngararasakeun niis ceuli herang mata, milu ngasuh incu di sisi gunung Pancar di Bogor. Bari nebarkeun elmu panemu, piladang ibadaheun jaga. Sugan mangpaat keur perjuangan ummat, bari bungah nyesep katresnan.
 ·  ·  · 2 seconds ago

Tidak ada komentar:

Posting Komentar