skip to main |
skip to sidebar
CAAH
Fikmin #CAAH#
Saaleutan budak sakola disaragam Pramuka, mapay pipir lamping. Sigana keur peraktek elmu lapangan. "Kahade barudak, ulah meleng bisi tigebrus kana lombang. Heug papay jalanna lalaunan, hiji hiji ngabaduy weh." Mireng kecap ngabaduy, barudak kalahka saleuseurian. Tapi terus kaganti kujerit, waktu hiji siswi oleng awakna. Untung manehna geuwat ngarawel kasajeujeur tambang plastik, anu memang dihaja dipentang dijalur pameuntasan. Tikajauhan langit hideung tanda hujan gede. Teu lila langit angkeb, angin ngagelebut ngoyagkeun tatangkalan. "Hayuh barudak, bisi kaburu hujan." Tacan salse gorowok paguru, ana breg hujan turun manten. Atuh barudak bubar katawuran, tipaparetot silih udag ka saung diseberang kalen. Kari hiji siswi, Nining anu can nepi kapeuntas, kaburu datang caah anu mebeskeun sukuna kana lombang. Ningali bahaya, paguru anu tos sepuh, langsung anclom kana caah anu tarik. Pananganana ngarawel jaket siswi, bari narik dikabehluhurkeun. Ngan kitu duaanana bade hanjat, paguru tisoledat. Mastakana ninggang batu, terus ngagolosor kana caah kacandak palid. Nining nagog ngabangingik.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar