skip to main |
skip to sidebar
TABRAK LARI
Fikmin #TABRAK LARI#
Enya lebu, anu narempel dina parabotan jarang kapake. Anu diteundeun diurut sepen. Bieu mah sapeuting jeput batuk ngoklok tikoro arateul, pedah luluasan hees, sosoranganan. Kapan pamajikan keur nyaba ka Tangerang, sosoranganan. Kudu, cenah mah. Kapan dikeur ngorana luas luslos kamamana oge kerepna nyorangan. Heueuh kapan cak dokter oge kudu loba leumpang. Cara bareto weh keur ngora. Ulah cara salaki, anu siga otobis anu karoserina tina kai zaman baheula. Anu jandelana anjlok kahandap lamun muka. Anu sora mesinna 'u'u'u'uan lamun nanjak di parapatan Degung ka beh Bhayangkaraan. Gusti, ieu kuring ngalaku lampah. Ngukur jalan sapopoe tandaning hurip. Anu sabeulah keruk dina kelek, anu sabelah suku sapatu teuing bakiak. Anu keur nyabrang tengah peuting, kapan beuteung lapar eusieun. Teuing saha jalma tea, numpak motor mani harus. Jaba teu make lampu, ka beh pasar palabuan. Leng sakuriling asa bodas. Saentas sirah ngajedak kana aspal. Karasa jalma rame, waktu ngapung kaluhur bari tiris.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar