skip to main |
skip to sidebar
TES KASUBURAN
Fikmin #TES KASUBURAN#
Kamarina wan Hamid sumping ka dokter kebidanan, peryogi tés kasuburan. Saatos diparios ku dokter, dibahanan botol kanggo sampling anu kedah dicandak énjing. Tapi nembe énjingna deui wan Hamid sumping deui, bari nyanggakeun botol kadokter Murni.
“Hooor, mana eusina? Upami kosong kieu kumaha bade mariosna?”
“Nyaéta néng dokter. Kuabdi parantos usahakeun kupanangan tangen tapi gagal. Kupanangan kiwa oge mung pegel wungkul. Teras miwarang pun bojo, teu kaluar ogé. Pon kitu ku bibi Séti dibumi. Sami henteu tiasa kaluar. Salanjengna abdi nyuhunkeun bantosan néng Sri pun alo”.
“Tapi ieu botolna masih kosong.” Walon dokter Murni, bari merong semu keuheul.
“Sumuhun dokter. Malihan nyuhunkeun ka Sri supados dicepit dina waosna. Tapi teu kaluar ogé. Manawi abdi téh badé nyuhunkeun tulung bantosan dokter, dugi kakaluarna waé.” Atuh kantenan dokter Murni anu teu acan nikah, tuturubun nampik kahoyong wan Hamid.
“Nyaétalah dokter. Simabdi gagal ngiring tés. Kapan teu tiasa muka cocok botolna.” Lumengisna.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar