skip to main |
skip to sidebar
IBUN DINA PUCUK PARE
Fikmin # Ibun dina pucuk pare#
Halimun nyimbutan wanci carengcang tihang, hawa tiis nyoco kana tulang, srangege asa kutalangke nyaangan poe, aya ku lila pisan nepi ka wanci haneut moyan, duka teuing pedah hate keur marudah meureun padahal da dilembur kuring mah kakara karasa haneut cahaya sumirat teh kira jam sapuluhan.
Teu maksakeun moal kabagean,kencling kuring indit mawa kaperluan dibuat sapuratina, arit, karung, nyiru jeung tolombong, teu poho mungkus sangu timbel keur bekel. Kailaharan dilembur kuring lamun nu bisa ngilu dibuat teh anu milu tandur, alhamdulillah najan rada elat kuring dibageanan sakotak gede, jam salapan kakara rengse ngarit jeung ngentepkeun gebugeun,saacan neruskeun hanca kuring reureuh heula deukeut sirah cai, keur anteng neuteup pigaweun nu ngahunyud aya nu ngagebah, aduh kuring ngarenjag ataker kebek bari ngajerit satarikna.
" aduh juriggggg "
" hapunten nyai akang tos ngareureuwas"
Haji Daman nu boga sawah tamada , kuring istigfar laju ngagidig ngajauhan manehna, hate ngarakacak , baheula keur sangsara kuring bumela ka manehna, ayeuna manehna hayang balikan deui, lain teu nyaah lain teu bogoh matak tujuh taun kuat nyorangan oge, ngan hampura kudu jadi nu kaopat mah ampun paralun.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar