Kamis, 05 April 2012

SORA


Fikmin #SORA#
"Hapunten saderek, kami teu tiasa nampi nonoman kanggo jabatan penting ieu. Enjing enggal pendakan ibu Kuning, teras candak wae berkas lamaran saderek." Jekrek hubungan telepon SLI pegat weh. Ku aneh, ari di email kapan atra pesen ibu Kuning. Kedah nelepon langsung ka bapak Presiden Direktur pausahaan anu nuju di Malaysia, kanggo wawancara telepon. Huh tadina mah matak bungah, tos pangsiun tapi pangalaman masih kapake keneh keur jadi konsultan. Sanajan sapeupeuting humaregung teu bisa sare oge, tapi isuk isuk mah tetep indit mendakan ibu Kuning. Saatos ngantosan sajam, sakinten tabuh dalapan ibu Kuning sumping. Kitu ningali kuring anjeuna imut mani manis geulis. "Wilujeng enjing pak. Janten kumaha, iraha bapak siap angkat ka Brunai?" Hooor etah. "Tadi wengi bapak Hasan nelepon ka abdi, ulah nampi nonoman kanggo jabatan anu ditawiskeun ka pak Eman. Pak Hasan teu percanteneun upami pak Eman parantos 68 taun. Saurna mah soanten pak Eman siga nonoman 25 taun.”
 ·  ·  · a few seconds ago

Tidak ada komentar:

Posting Komentar