skip to main |
skip to sidebar
CANGCAYA
Fikmin #CANGCAYA#
Reseplah nempoan ucing tea, kapan bulan kamari masih kumicir acleng aclengan sagala dirawu sagala dicoo. Tapi peuting ieu mah jigana keur beger. Kapan titadi Moly anu dikongkorong rante, enya gumelis ditutur tutur ku Joki, ucing jalu anu badag jung. Kitu Moly rek asup ka pager beusi, teu antaparah dirangsed bari digegel pundukna ku Joki. Kantenan sanajan bari eong eongan sieun oge, Moly teu walakaya. Kadenge balilihna, "sanes engkang. Moly mah teu percanten naha enya engkang tresna ka Moly. Kapan sakuliling engkang mah seueur wanoja anu gareulis piliheun, luhur pendidikanana, arageung komarana. Barang ari Moly mah naon?" Moly nyanggereng, bari suku tukangna pasang taki taki. Hulu tanggah punduk dibetot ku Joki. "Duh Moly, kapan salira mah anu utami. Geulis bageur, akuan, keibuan, sami2 seueur elmu ucing keur ngarawat loba budak tawis katresnan urang." Moly gagauran elekesekeng terus cakarna arek ngoet beungeut Joki anu luncat mundur. Molly gulang guling ngararasakeun kanikmat naker.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar