Senin, 30 April 2012

KUNYUK SATU


KUNYUK SATU
Tadi sanggeus réngsé aqiqah Bén, karumpul barudak Sempana. Nempo Mus Caem inget baréto keur SD kénéh, abong nyobat kaanaking. Duanana nyarorén HT, Mus balik kaimahna arék nyokot buku, ari Aip dilebah Perumnas 2 manggihan baturna. Duanana marawa HT keur silih béjaaan posisina dimanana. Ngan éta ngobrolna dina frekuensi siaga Perumnas 1, nyaéta 149.00 MHz anu unggal waktu tangtu sibuk kudistribusi informasi. Nyatangtu wéh kanal jadi éar, aya dua budak ngomong ngaco sangeunahna teu maké aturan. Gélona dua budak tambah angot ngocolna, atuh karuhan nepi ka pa Lurah Cibodasari, ngarayu dua budak kéhéd. Ari aing monitor ti HT anu biasa dibabawa keur monitor situasi. Bari ngeunah seuri akey akeyan cara dilapak FBSK wéh. “Kunyuk satu, udah sampé mana luh?” Gorowok Aip bari haha héhé ka Mus. “Wéh tenang bos, pokoknya bentar lagi sampé ketargét dua.” Atuh karuhan kanal jadi ramé cuat cuit ku beat-frequency, pédah anu keur maké kareuheuleun kaganggu.
 ·  ·  · 2 seconds ago

Sabtu, 28 April 2012

AQIQAH BÉN.


AQIQAH BÉN.
Insyallah, isukan Bén arék diékahan. Ayeuna aya anu keur ngadegkeun balandongan. Héhé matak géték ceuli ngadéngékeun anu silih séréd make basa cohag. "Anggeusan beulah dieu yeuh, sing tarik kaditu atuh kéhéd." Baturna teu nembalan, tapi tarik gasrok wéh narik ujung lawon sataker kebek, nepi ka sukuna tigebrus kana lombang cai. "Aduh Gusti robbal izzaatii ..." Hanjakal teu maraké fb, mun seug tangtu digebruskeun kana ieu lapak. Ambéh lamun peuting maranéhna suka seuri pating barakatak balas gawé capé sapopoé. Tangtuna bari ngopi jeung ngudud.
 ·  ·  · 2 seconds ago

/kumpulan_makalah_kongres_basa_Sunda_2005

 http://dl.dropbox.com/u/54785111/kumpulan_makalah_kongres_basa_Sunda_2005.pdf
...

AGUS HULENG JENTUL NA KUANON.

AGUS HULENG JENTUL NA KUANON.
Beu kamari mah sapoé jeput asa kasiksa kuhayang meunang ubar. Nunggu ti isuk meluk nepi ka jam 3. Can deui silih téangan jeung jikan kapan hapé dibawa kuinyana. Geus kitu nunggu beus Cibinongan aya kana 3 jam na. Atuh heueuh awak mani luut léét ngésang jaba lapar deuih. Ngan kitu numpak élf ti Citeureup arék ka Bellanova, digigiran aya simanéhna. Alhamdulillah, kalabur tah kacapé jeung kakeuheul sapopoé. Ku sampulur legit imut éta mojang. Makana ulah sok ngarasula Éman, tangtu aya hikmah Gusti Yang Agung. Ké Senén lah arek maluruh ka Cileungsi.

Gudbay FBS

Kamari mah kaanggotaan aing di FBS salila 5 bulan geus diapus. Sanggeus ngajawab komen ni Bening Selakshahati, anu nyebutkeun ulah di Remove lamun teu Sapuk mah. Kapan sapuk teu sapuk geus biasa dialam fikmin mah. Nya dijawab ku aing, "Keun wae ka anu ngarasa kapaksa asup kana FBSK. Sakalian mersihan lapak titumbila anu matak ateul bujur di FBSK. Sok komo ka mangkeluk anu alus hareupeun adumanis, ari tukangeun ngawadukan siga iblis." Peutingna ilang weh lapak FBS tina daftar Grup aing. Jor mantog siah.

Jumat, 27 April 2012

TEU SAPUK


Eman Rais >FBS
Hatur uninga ka saha wae anu teu sapuk ku ayana lapak FBSK, Fikmin Basa Sunda Kasar. Sareng ku alatan naon wae namina tercantum janten member FBSK. Manawi henteu rido, mangga nyanggakeun kapalayna. Lebet wae ka FBSK atanapi ka Personel Message sim kuring, teras seratkeun TEU SAPUK. Moal diengkekeun lami tangtos di REMOVE. Disuhunkeun pangapunten, rehna kakasih salira kantos nyantol di FBSK.
 ·  ·  · 2 seconds ago

Ngajak perang euy?


Eman Rais: Ck ck ck naha bet kawas toke kieu euy. FBS lain bandera formil Pasundan, atuh anu sejen oge tangtu boga hak hurip. Uing mah teu maksud suudhan boh dholim ka FBS, sabab anu diudarkeun ku uing oge ngan saukur basa pasar anu teu kawadahan di FBS. Ngan sabalikna di pihak FBS tong kawas anu ngajak perang kieu atuh. Kapan urang oge sarua urang Sunda anu boga hak miara kahirupan urang Sunda.
 ·  ·  · 9 minutes ago


Eman Rais Teu sangka euy, ieu lapak anu karak 2 poe umurna sigana geus ngagunjlengkeun pikiran perang ti mangkeluk anu ngarasa ngasuh FBS. Asana mah kapan beda pisan sasaran pokok babasan anu diiangkeun dina ieu lapak jeung lapak FBS lain? Kapan urang mah hayang ngajait ageman basa anu dipake ku rahayat letik di alam budaya Sunda, nyaeta basa pasar sia aing. Naha salah kituh? Teu ngarti aing mah, naha lapak anu boga member leuwih ti 2000 sieun kagaleuy ku ieu lapak anu memberna can nepi ka 600? Kumaha tah dulur pasar?

Kamis, 26 April 2012

WEW


WEW
Sok atuh meunggeus kadieu Enin. Sok matak ngeunah seuri, geura toongan ieu lapak. Ngan ulah matak nyeri haté wéh nya, kapan aing loba anu nyarékan bari ngasisia sagala. Keun wéh lah itung itung ngamal mangnyiarkeun ubar sutris, améh ngekey kabéh sapoé jeput. Wéw héhé.
 ·  ·  · 2 seconds ago

Rabu, 25 April 2012

CAMAT NYANDUNG


CAMAT NYANDUNG
Alhamdulillah, sapeupeuting maréma. Meunang tips jenuk. Kaitung aya kana duaratus réwueun anu mebes. Kabayang bakal cumpon sapédah BMX keur si Aa, anu geus tilu bulan meredih ménta bukti jangji hadiah samen. Sakalian bisa ngagantian rarangkén Éndah, anu kapaké bulan kamari waktu indung urang diopname. Isukna jam tujuh karak salsé shift, tapi moal waka balik kapan duit lembur jeung service rék kaluar. Kakara jam salapan bisa balik. Ngan kitu arék muka panto imah, kadéngé aya anu keur paséa. “Moal kuring mah, moal arék ninggalkeun salaki, moal arék ninggalkeun si Aa. Kajeun teuing Camat Nyandung mah, da tibarétona kuring teu bogoh. Untung waé teu kawin ka manéhna. Kapan pamajikanana ogé tangtu dinyenyeri ku salaki tukang kawin.” Gorowok Éndah. Budak milu gégéréwékan. “Enya Juragan Camat pamajikanana tilu, manéh arék dijadikeun anu kaopat. Tapi arék disenangkeun. Moal kawas ayeuna imah waé teu gableg. Imah leutik kieu ngontrak.” Sentak mitoha lalaki. Huh dasar materé gélo.
 ·  ·  · 15 minutes ago

Lebokeun Jurig


‎#Lebokeun Jurig#
Enya enya teu kaharti aing mah, naha boga pipamajikaneun téa kawas anu jiga lebokeun jurig pisan. Coba waé pikirkeun ku nyaranéh. Geus sabulan baruk manéhna bogoh ka aing, hayang jadi éwé salaki. Hayang imah imah jeung aing. Hayang boga anak anu loba. Tapi naha bet kamari manéhna kalahka léwéh euih euihan. Majarkeun teu bisa ngalawan kahayang bapana anu arék ngawinkeun manéhna ka tukang kiridit, anu gawéna apruk aprukan ka unggal lembur. Dasar awéwé teu boga kapolo, misina aya keneh lalaki anu bisa nyukupan sagala kabutuhan manéhna. Nya enggeus waé lamun kitu mah, kajeun teuing kumaha sakarep manéhna baé. Da aingna geus seubeuh ngasaan manéhna ieuh. Hehe kapan aing mah tinggal ngadeukeutan si Titin, rangda teu boga anak anu karak sabulan pepegatan jeung salakina anu urang Cibatok.
 ·  ·  · 22 hours ago

Selasa, 17 April 2012

SOSONGGÉTEUN


Fikmin #SOSONGGÉTEUN#
Duh ku matak kayungyun. Kutan sosonggéteun balas ngantosan akang geuning. Alhamdulillah, masih aya anu ridoeun ngémutan. Dupi beuheung téa sosonggéteun kumaha? Duh pami caket mah urang urut nganggo jempol sareng ramo, sangkan uratna janten lemes. Cobi atuh buukna disanggul ambéh beuheung katingal atra. Teras urutan nganggo lubrikasi, dampal sareng ramo tangen ka beuheung palih kiwa. Dampal sareng ramo panangan kiwa kanggo beuheung palih tangen. Pilari otot beuheung anu tiis teuas boh anu karaos aya berenjil lembék. Urutan sing salsé, dugi panangan boh beuheung karaos haneut. Manawi badé, tutup nganggo perawatan terapi hidro. Lebetkeun anduk kana sapanci cipanas. Angkat kanggo 2 garpu teras goyang oyagkeun dugi ka panasna tiasa katampi ku beuheung. Teras bulenkeun disabudeuran beuheung dugi katiisna. Raoskeun, tangtos nikmat matak tunduh. Mangga cobian, Insyallah mangpaat kanggo ngubaran beuheung sosonggéteun alatan bakal batuk flu. Wassalam.
 ·  ·  · 3 seconds ago

Senin, 16 April 2012

MA NI MA NI MA NI MO


Fikmin #MA NI MA NI MA NI MO#
Horséh, 6 taun nungguan wanci mustari, akhirna laksana ogé ngamandian incu. Kapan éta kamari Gaby teu ngidinan Abah jeung Enin miang ka Bandung. "Please abah don't go anywhere. I need you and Enin. I don't want to miss both of you." Enin ngaheureuyan, “Kalau gitu Gaby mau mandi sama siapa? Abah atau Enin.” Gaby ngitung heula, “Ma ni ma ni ma ni mo.” Akhirna tunjuk pilihan murag ka abah. Atuh laju wéh Gaby ruruag, mandi dicihaneut. Abah ngan ni’mat kabagéan nyabunan péan. Anu séjénna awak, karamas, gosok waos sadayana kuanjeuna nyalira. Alhamdulillah. Kapan tibareto lamun badé dimadian kuabah, Gaby anu tadina nurut sok terus mugen protés, “nggak mau abah, aku malu kan aku céwék abah cowok.” Kituh. Duh incuing jimat awaking. Kubungangangna haté, cacakana leuwih gedé batan meunang duit saémbér.
 ·  ·  · 2 seconds ago

Sabtu, 14 April 2012

MBA


Fikmin #MBA#
“Hayuh atuh Aa, pokona Aa kedah dongkap sareng. Kapan ieu mah BP4 anu bakal masihan naséhat. Kumaha sakedahna urang ngajalankeun rumah tangga, anu bener sareng hadé téa.” Teu sirikna ngagusur siAa pas dina lawang kantor. Sebel atuda geus 3 taun laki rabi, teu katempo pisan cara lalaki déwasa téa. Bubudakeun pisan. Abong MBA saumur, baréto mah malahan sakelas di SMA. Tina 4 urang panaséhat, kuanéh aya saurang anu siga ucing garong, teleb nempokeun waé kakuring. Hih siga anu arek ngalegleg pisan eta mah. Kitu pas sasalaman balik, eta panasehat teh ngomong kieu. “Kin atuh ku pak Haji teang bumina. Supados kakontrol, kumaha pelaksanaan nasehat, aya hasil henteuna.” Saminggu tiharita, kurunyung datang weh haji kolot tea bari disedan Mercy hideung, jaba bari loba babawaan. Mikeun babawaan ka Ema. Teu mirosea dibejaan siAa digawe. Kalah kakuring ngajak munggah haji bareng, tapi kudu ngamahrom heula kamanéhna. Huh, dasar haji tukang kaawéwé.
 ·  ·  · 2 seconds ago

Jumat, 13 April 2012

PARABOT


Fikmin #PARABOT#
Peuting Jumaah anu tiris, jaba hujan ngaririncik tisoré mula. Kuring nagog lila nepi ka tuur jeung bitis asa kemeng. Beu geus sataun teu walakaya. “Tadi dipasar Ciawi, Nyi nempo béwara pangobatan tradisonil pak Kobra.” Pokna bari mopoék. “Naon pak Kobra téa Nyi?” Cekéng gutrut disarung, terus turun tina pangkéng bari nyekrékeun sakelar listrik. Bray caang, si Nyai geus tuturubun disimbut. Bari bingung kuring kaluar nyecepkeun hawa peuting, bari serebung ngaroko kawung. Teun lila si Nyai nuturkeun bari mawa sabekong cientéh tubruk. “Éta kang, pak Kobra anu jiga mak Érot di Palabuhan téa.” Omongna bari diuk digigireun. “Oh ambéh barang jadi teuas tambah gedé jeung panjang. Hayang kituh?” Kuring seuri maur. “His urang ala heurasna waé kang. Lamun tambah gedé sareng panjang mah Nyi moal sanggup. Kapan ukuran akang, teu siga pameget Enonésia. Tapi siga urang bulé.” Hah! Nyaho timana si Nyai ukuran barang anu séjén batan parabot urang?
 ·  ·  · 2 seconds ago

Kamis, 12 April 2012

SUPIR


Fikmin #SUPIR#
Réngsé markirkeun mobil sédan, Nu’ih mencét rémot keur ngonci panto mobil. Terus ngangkat leungeun katuhu, méré tanda ka dunungan. Rep wéh mesin mobil pareum. Terus Nu’ih kakantin, mesen cikopi sacangkir. Manéhna ngadeukeutan babaturan papada supirna, anu keur dariuk ngawangkong. “Lain, lamun dipikir pikir mémang béda, bangsa urang jeung bangsa deungeun.” Gakgak seurina bari milu diuk dina kursi panjang, ragamang nyokot bungkus rokok kéréték anu baturna. “Ménta hiji euy. Keur kutud yeuh.” Omongna bari nyekréskeun panékér. “Kunaon kituh euy?” Tanya Sardi. “Tempo wéh, salaku supir urang ngan dibahanan rémot, teu mawa konci.” Omongna. “Ari koncina dimana?” Tanya Misro. “Teu maké konci. Pokona lamun dunungan arék balik. 15 menit saméméhna geus mencét hapé, keur ngahirupkeun mesin jeung aséna. Kitu asup kapan mobil geus panas, jeung kabin geus tiis. Kitu datang, urang nyampeurkeun mobil. Mencét rémot terus diuk dina ruang kemudi.” Cak Nu’ih ngagakgak, nempo beungeut héran babaturana.
 ·  ·  · 2 seconds ago

TUKANG URUT


Fikmin #TUKANG URUT#
Karak sataun ngabuka usaha, ditempat anu kaitung pusat bisnis Bintaro. Keun teuing usaha tukang urut ogé, anu penting aya tempat keur nyiar kifayah. Sangkan pikiran henteu ngaruwet teuing. Henteu arék ngaruwet kumaha coba, kapan pamajikan anu karak 6 bulan dikawin. Dipangkaburkeun ku anggahota fikmin. Teu boga jodo panjang wéh meureun, Kersaning Allah Ta’ala. Geus 3 bulan ieu sok aya sémah anu ménta diurut, alatan tonggongna gedé sabelah katuhu. Saurna mah sok nutu teuing waktos mojangna. Ibu Rahma, hiji wanoja 40 taun rupina pejabat téras Pemda, anu karawat pisan salirana. Jaba tos 5 taun ngabuka usaha fitness di Blok M. Unggal dinten Sabtu anjeuna sumping, uken diurutan bari cacarios naon waé. Tos 3 taun ngarangda, carogéna pupus dina kacilakaan pesawat di Timika Papua. Saurna mah anjeuna kasapta, kana nikmatna gulusuran ramo kuring. Sabada diurut, anjeuna lajeng kulem nangkuban, bari disarung wungkul. Jaba salira téa sakitu enay sampulur, matak ramo ngaleper.
 ·  ·  · 

ASIH ANU MATAK NURIH


Fikmin #ASIH ANU MATAK NURIH#
Sok kagagas lamun inget manéhna nyambat, "Urang sing sami shabarna engkang. Néng mah inggis bisi rasa saling miasih matak nurih ati." Ana jebrét isukna pada pada salah ucap. Laju baé pada pada regotlah. Simuing keukeuh nanya ménta jawaban anu sahinasna. Ari manéhna oge sarua keukeuh, "ah da neng mah moal ngawaler." Sapoé éta, simuing jeung manéhna pada pada ngabetemna. Teu nelepon, teu sms. Tapi sajujurna, ari haté mah melang. Beu enya meureun, can waktuna nanya anu enya enya kitu. Kapan urang pada pada paanggang, jaba can panggih pada teu nyaho saha sahana. Kadar teu pira pananya téa, “manawi néng rido nikah, hoyong maskawin naon?" Enyalah risiko papada ras bogoh dialam maya. Anu sok ngagedur kalahka rasa timburu. Kapeutingnakeun aya sms, "Assalamu'alaikum. Engkang damang? Neng nineung."
 ·  ·  · 18 hours ago

Selasa, 10 April 2012

JERUK EMAM JERUK

Fikmin #JERUK EMAM JERUK?#
Hapunten henteu maksad suudhan. Tapi abdi sering tepang fb sareng pribadi tertutup sapertos salira. Kanggo abdi, tadina mah henteu masalah anjeun badé nganggo foto profil naon waé . Tapi buntutna sok nylenéh sareng anéh2. Sok aringgis abdi mah, upami badé tepang sareng jalmi anu heurin nyimpen foto2 tawis pribadina. Cak abdi mah, waktos midamel akun di fb, hartosna sanggem mintonkeun pribadosna anu linuwih. Naon deui atuh targét urang dialam maya kieu, upami sanés kanggo sambung silaturahmi tur kasaéan elmu panemu sanés kanten. Anu mugia matak mangpaat ka balaréa. Piraku deui rupi sadérék fb abdi mung patung teuing skétsa kitu.
 ·  ·  · 2 seconds ago

MAKARONI BAKAR DINA IMPLENGAN



Fikmin #MAKARONI BAKAR DINA IMPLENGAN#
Keur jadi bujangan, diimah sosoranganan. Kapan sakabéh pengeusi imah keur araya diimah paraji, mapag incu. Ari uing teu kamamana, pedah capé jeung tunduh balas nyaba jauh. Keur laper, ngadadak aya sora anu nawaran kadaangan. “Pisang keju ... makaroni bakar ... roti ragout.” Alhamdulillah, pucuk dicinta usam tiba. Ngan inget kamari duit salawé rébu ti pamajikan, kapan dibikeun ka supir keur mayar tol, arék ka Jakarta. Terus teu digantian, pohoeun meureun, di Jakarta loba uruskeuneun. Singhoréng Yance, bujangan ti Plasa Niaga anu ngajungjung wadah plastik nanawarkeun dagangan. Bakat kulaper, uing nempoan dagangeun jeung nanyakeun harga hargana. “ Pisang keju 2ribu, makaroni bakar 17ribu. Roti ragout 5ribu.” Kuring nempoan dompét imah sugan aya keneh duit, ngan 2rewu. Néangan ditascangkeng, tapi lebéng. Antukna mah ngan kabeuli pisang keju harga 2 réwu, sahuapeun anu kacida pelemna. Ngarana ogé anu keur laper, batu ogé mun bisa didaang mah tangtu pelem. Sanés kitu juragan fikminers?
 ·  ·  · 7 minutes ago

SMS


Fikmin #SMS#
Aya sms asup, ku atoh disangka mah ti sikatresnan tea. Barang diaos, "Anda mendapat bonus 10.000 SMS ke semua operator domestik berlaku untuk hari ini." Huh kawas ka anu gelo, misina urang euweuh gawe sejen deuih euy. Piraku arek sapopoe ngadedekur ngesemes. Tongboa matak kacengklak, rasa asih kalahka jadi nurih ati.
 ·  ·  · 2 seconds ago