Selasa, 08 Mei 2012

TKW


LBSB "TKW"
Karak anggeus mandi, masih ngaandukan hulu, kadéngé Étih jeung Élih pating kacewis. "Babaturan étéh mah opatan areuweuh, béja mah mariang jadi TKW ka Arab." Cak Étih bari kekedengan dina jubin. "Laleudeungan teuing nyah. Tangtu gajina gede nyah." Élih mairan bari hanca muihkeun istrikaan. "Nyanéh hayang kituh Élih?" Haréwos Étih. "Hayang hayangna mah, ngan karunya Iwan bisi taya anu ngurus." Cak Élih dareuda. Wah bahaya yeuh, kumaha mun duaanana jadi TKW, tangtu matak répot euweuh anu ngurus Gaby jeung Bén. Kapan Gaby mah apet pisan ka Étih.

"Yeuh deuleu ku silaing. Gawé di Arab mémang bibitana gedé. Sabulan bisa meunang kana opat jutana. Ngan gawé tiisuk meluk ti jam opat isuk nepi ka jam dua janari. Ngan boga waktu keur sholat fardhu jeung dahar. Sanggup kitu saré ngan dua jam sapoé salila dua taun?" Cekéng bari rada nyeuneu. "Hayang ngarobah nasib mah hak sagala jalma anu diheueuhkeun ku undang undang nagara. Tapi pikir atuh mudhorat na. Étih sanggup kitu awak lenjang rupa manis rék ditumpakan ku jalu Arab? Kitu balik lain mawa duit keur bekel anu diimah. Kalahkan ngabababatang pegat hulu, pédah nubles dunungan anu arék ngagadabah teuing ngarogahala ilaing. Tapi lamun Étih pasrah, da teu walakaya cape ngurus imah genep lantai téa. Antukna kitu balik mawa orok Arab. Batan kitu anggursi ka abah, geus karuhan durén matak olohok kawas batok kohok."
 ·  ·  · a few seconds ago

Tidak ada komentar:

Posting Komentar