skip to main |
skip to sidebar
DOMBA BULE
LBSG "DOMBA BULE"
Meungeus 3 bulan si Juhro élékésékéng nungguan anu mayar hutang. Kapan tandonna ogé matak méakeun jukut bakating ku awak ngemplag siga anak kuda. Enya kapan si Sarkiam nginjeum duit 5 yuta, jangjina saminggu dibayar. Ari tandonna kapan éta embé Ettawa anu awakna badagjung. "Lah mending dijual wéh si Salju téa, kajeun teuing lamun si Sarkiam néang arék ditarok huluna sakalian." Bari lahlahan si Juhro indit kapasar. Ngan beulah pengkolan geuning aya anu ngadu domba. Panasaran si Juhro nyangcang si Salju, terus asup kana kalangan.
"Sial aingah, abong domba geus kolot pagawéan téa ngan éléh waé méakeun waragad." Kulutus si Japra bari ngababétkeun kuplukna kana bangku panjang. Terus diuk bari nagog, cekrés manéhna ngabeuleum karéték cap Kalo.
"Kieu wéh atuh ari cak aingah. Kapan domba sia geus lila jadi jawara. Geus loba matak untung. Kajeun bari siana dolim ongkoh." Cak si Juhro ka si Japra matak matana ngabeureum ambek.
"Terus kumaha?" Tanya si Japra bari cumiduh.
"Gampang. Kusia beuli wéh si Salju embé bikang. Tuh anu badag bodas téa. Terus kawinkeun ka domba sia, améh sidomba ngarasakeun ngeunahna dunia lin. Lamun anakan kapan sia bisa meunangkeun bibit domba herkulés tah." Si Japra seuri. Jigana mah kapikiran aya benerna omongan si Juhro téa. Geus kabayang pibatieun jeung bakal hadé milikna.
"Ari embé sia meunang meuli timana? Bangkok kituh, mani badag kieu." Cak si Japra bari ngarampaan beuteung méh susu si Salju. Maklum bandar domba, tangtu paham uraturatna.
"His lain Bangkok deuleu. Ieu mah domba Éttawa asalna ti Kanada. Domba bulé."
"Nya heueuh ainggé nyaho. Arék dijual sabaraha tah?" Si Japra kabeuli haténa.
"Aing meulina tilulima yuta. Geus dipiara 3 bulan. Kumaha sia arék meulina sabaraha. Lamun patlima yuta wani teu? Lamun hanteu arek dibawa ka haji Komar." Ngadéngé ngaran si Komar musuh bubuyutanana disebut. Kontan si Japara ngaheueuhkeun. Kaitung untungna si Juhro.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar