Rabu, 09 Mei 2012

BABALIK PIKIR


LBSB "BABALIK PIKIR"
Teuing pédah mata bongsang, teuing ogé masa kecil tak bahagia, teuing deui pedah bogoh ka buguru waktu kelas 5 SR. Tapi nepi kakiwari resep wéh mun nempo bikang geulis camperenik lenjang seuseug. Tah kapan di jejaring sosial kieu, anu karitu patut sok patulayah dimana mendi. Kakapeungan sok langsung asa bogoh, sanajan matak lamun ngomong arapap euereupeup siga anu keuna kululungu. Matak piteukahartieun batur boh matak keuheuleun, anu antukna sok ninggalkeun kapeurih ati saminggoneun. Tapi sakapeung deui sok aya waé anu nyanggut, sarta daék diajak kuma baé. Daék oge ngabuka hijabna, tandaning tumarima kana janggot aing. Tapi samemangna mah teu gampang ngala keputusan arék nyandung. Dikumakeunana ogé tetep beurat aingah ka Enin anu geus rék 40 taun maturan hurip aing. Pesonana aya di Enin, geulisna aya di Enin, alus cokorna aya di Enin. Halimpu suarana aya di Enin. Anu lamun nyingkah 2 poé wéh matak aing guling gasahan, teu tibra molor teu ngeunah daang. Leungiten. Matakan aing remen ngahaluang, “putih kuning laksana sutra." Anu geus méré anak jeung incu anu matak bungangang kana haté, daék ngalakonan naon baé ukeur kasajahteraan arinyana. Jeung anu penting kapan geus jadi paguneman bareng tianggalna, yén sakabéh pakaya maké ngaran hukum Enin. Aingah teu gableg nanaon. Sok seuri wéh, aing asa gagah mawa. Tapi injeuman.
 ·  ·  · 2 seconds ago

Tidak ada komentar:

Posting Komentar