Kamis, 03 Mei 2012

LBSB 'PAKU SANTÉT'



LBSB 'PAKU SANTÉT'
Isukna Awong karak muka lawang beusi waktu Rohman datang. Bungkusan kembang ditarima terus diasupkeun kana baskom eusi cai anu geus disiapkeun ku Itik. Lamun kamari Rohman datang dibaju safari, ayeuna mah datang dibaju pangsi. Sanggeus muka baju, Rohman diajak ngado’a bareng, laju digiring ku Itik kakamer mandi terus disina nagog. Teu antaparah kuaing banjuran huluna, make cai kembang kupanyiuk. Tangtuna pangsi jeung calana jerona baseuh. Bérés mandi terus dihanduk, Rohman datang karuang kantor disina nangkuban dina samak. Laju make minyak jieunan sorangan, kuaing urut ticangkéng nepi kabeuheung, bari maca shalawat. Cicing cicing kuaing cokot paku cempéd anu dina piring plastik. Kuaing cokot hiji, laju diguratkeun dibéh pundukna, diteken saeutik ambéh karasa nyeri. Terus diteken bari didudut. “Yeuh Rohman, aya paku keur jualeun ka pakbeling.” Cak aing bari ngalungkeun paku kana tutup dinamo hareupeun beungeutna. Cring! Solongkrong leungeunna maju arék nyokot paku, ngan kaburu dicaram ku aing. Proses pencabutan paku ‘santét’ diulang, unggal dua menit kadéngé sora cring, waktu paku dialungkeun kana tutup dinamo. Kaciri Rohman popolotot nempokeun paku, bari beungeut anu héran. Sanggeus réngsé dualas paku dicabut, ku Awong laju dibungkus maké keretas koran. “Yeuh Rohman, ieu paku bebeskeun kana taneuh dipintu gerbang pabrik. Dijuru kantor sia. Diunggal juru tembok pabrik. Ngan omat ulah betus kasasaha. Ngarti?” Cekéng bari teugeug, anu diheuheuhkeun ku Rohman bari ngunggeuk tujuh kali. “Lain bah, tadi isuk si Awal nelepon kaimah, menta ganti asup isuk aya kaperluan. Makana kuring bisa kadieu isuk2.” Séréngéh Rohman bari nyium leungeun. Karasa ramona nyelipkeun duit kandel. Laju balik. “Beuh béh, cak pa Rohman babéh boga élmu malaikat.” Lapor Itik bari seuri, siap arek iluan konsultasi teknik listrik. Kadua pabrik di Pasar Kemis.
 ·  ·  · a few seconds ago

Tidak ada komentar:

Posting Komentar