LBSB "Bajigur"
Piraku ari eusleum boga adi, nabet éta mobil dogong geus dua bulan dijogrogkeun dina jarian aing. Barang ditelepon majarkeun téh, “kuma dinya wéh kang.”
Hih matak héwa.
“Dibeuli atuh nya.” Cekéng bari nyeuneu.
“Nya kuma dinya wéh, “ cénah.
“Sabaraha?”
Nabet aya kuteu eucreug, ”sabaraha waé, dicicil ogé heug.”
Hih dasar milik, bakal boga kios yeuh aing. Batan jadi pangangguran kieu.
Caritana meuli tolombong anu 80 letér. Geus kapikir arék dagang bajigur. Kapan disabudeur Karang Tengah mah tacan aya. Meuli korsi plastik wéh sapuluh, gelas jeung pisin dua losin. Terus keur lalawuhna jikan nyieunan gorengan sampeu, boléd, taleus katambah ku katimus. Keur ngajaga bisi aya anu perlu, disadiakeun ogé kopi bubuk jeung gula pasir. Kitu deui susu kentel manis sakaléng. Bisi aya anu hayangeun cikopi susu. Alhamdulillah, geuning sapoé jeput bisa meunang duit nepratus réwu. Tangtu dina sabulan bakal balik modal, jaba matak kabeuli dogongna. Ngan aya anu matak watir, kuloba teuing mata lalaki anu anu teuing kuhérow kapamajikan aing. Abong enya geulis.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar