Minggu, 06 Mei 2012

KENJO

Eman Rais
LBSB "KENJO"

“Kieu para sadérék. Kenjo, Asih, Imas sareng Momon. Pangna diangkir urang ngariung téa aya hiji parobahan ngeunaan hak waris.” Cak pengacara anu ngawakilan Radén Aria Awimibanda, nyaeta bapak pituin anu opatan.

“Nya heug arék kumaha baé, anu penting mah aing mawa hak waris aing anu panglobana, kapan aing mah cikal.” Cak Kenjo bari ngabuka pelés wisky blacklabel tina pesak jakét kulitna. “Ulah poho, banda waris dibagi 5. Aing sabagéan, si Amih sabagéan. Kapan pamajikan aing anu panggedé jasana ngurusan Apih ti séhatna, nepi ka arék paéh bari hararésé.”

Dijero kamer tengah kadéngé aya anu nakolan gembréng. Tanda si Apih ngambek deui. 

“Kieu atuh keur muru waktu, urang umumkeun waé kaputusan waris paling anyar anu disahkeun ku Pengadilan Negeri Bandung jeung Pangadilan Agama Bandung. Asih kabagian kebon teh kaikut fabrikna di Pangalengan jeung padumukan ieu. Imas kabagéan balong di Ciwidéy, kaikut taman jeung musium angkrek. Momon kabagéan kebon bubuahan jeung sayuran di Lembang. Bagéan Kenjo dipotong tina pakaya anu geus béak dijualan waktu ngora, jeung nyieun imah di Batam. Sakitu.” 


Tangtuna Kenjo murka, “naon siah. Jadi aing teu kabagéan? Yeuh deuleu, keur mantog kadieu ngagugu omongan silaing. Aing kapan mawa balad 10 urang, numpak kapal udara, meuting di hotél béntang lima di Jakarta. Kadieu oge aing mekelan diri jeung si Amih make motor kerén Harley Davidson juhratus juta. Aing teu tarima lamun teu meunang waris, naha arek timana aing kudu mayaran hutang, siah pokrol goblog.”

Kenjo jung nangtung bari kekerot. Tapi mundur kitu nempo pengacara jeung dua asisten, ngaluarkeun pestol Berretta otomatis. 

Kenjo langsung mabur ka kamer Apih siga anu gelo, “dasar siah kolot begog. Arek modar kuhararese naha make setruk heula, meakeun waragad bae. Kadieu kuaing bantuan.”

Haben Kenjo neunggeulan sirah Apih make pohpor bedil mimis kameumeut Apih. Pengacara nuturkeun, laju jedar jedor ngaliangan hulu Kenjo, anu rubuh nindihan hulu Apih anu rajet.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar