Rabu, 02 Mei 2012

SANTÉT 1


LBSB "SANTÉT 1"
Bérés diparancahan, Rohman teu sirikna ngabudah nyaritakeun pangalamanana jadi komandan satpam. Ngan kaaingna jadi ngarasa lapar, “Awong, heug pangmeulikeun kéjo rendang. Pak Rohman arék dahar naon?” Cekéng téh, anu matak pak Rohman siga anu kahudang milu lapar. Laju mikeun salembar duit bulao ka Awong, sina meuli kéjo keur opatan. “Terus kuring kudu kumaha tah abah?” Tanyana. “Késukan isuk wéh kadieu deui. Mawa kembang lima rupa.” Cekéng bari seuri. “Kembang naon abah? Mawar, melati, kenanga?” Témbalna haroshos. “Kembang naon waé anu penting lima rupa. Tapi Rohman daék lamun dimandian ku abah?” Teu talangké Rohman ngajawab maké sikep sampurna. “Siyap kumendan abah." Teulila Awong balik deui mawa kéjo bungkus kabeuki sewang sewangan, mawa opat bungkus cientéh panas, jeung dua cikopi panas. Jisamsu wéh opat bungkus. Laju ngadekul daraang opatan, bari ngobrol mani nikmat naker. Kitu balik pak Rohman ninggalan tilu lembar duit bulao. Alhamdulillah. Rezeki mah timana baé, lumayan keur ngabekelan Itik jeung Awong sina malem mingguan balik ka Jasinga. Kapan majarkeun arek mangmawakeun sapasang tando hirup keur cocooan dibengkel. Saiinditna Rohman, aing nitah Itik sina ngeueuman dualas paku cempéd lempeng karahaan, dina oli urut ganti oli Katana.
 ·  ·  · 2 seconds ago

Tidak ada komentar:

Posting Komentar