skip to main |
skip to sidebar
DIRJEN
DIRJEN
Sabada keur ngawangkong di warung bi Icih, dipakarangan reg eureun hiji sédan méwah Audy. Terus kaluar hiji lalaki gandang disorban digamis, bari leunguenna mawa 5 kotak pizza. Sup manéhna abus kana riungan. “Euleuh siah lainna ieu téa Samid, babaturan aing keur leutik purah ngangon munding haji Tohir siah.” Cak Ujang babarakatakan. Bari sor nyolongkrongkeun leungeun ngajak sasalaman. Anu tangtuna disambut ku Samid, bari nyalaman kum anu aya diwarung, kaasup bi Icih. “Lain aingah, naha bet sisinarieun sia daék datang ka dieu. Kapan ngadéngé béja sia ayeuna jadi Dirjén lin? Ari tadi timana kitu asa ginding kieu” Cak Sarkum. “Enyalah Kum, aing Dirjén. Tapi dina haté mah leuwih sapuk ngumpul jeung maranéh. Tadi aing ngadeuheus ka Cikéas. Kitu asup kana gerbang dipariksa ku pengawal. Barang nempo pizza, cénah mah arék dikirim ka dapur. Lamun juragan pareng nya dikajuragankeun, lamun hanteu bakal disina jadi parab anjing.” Sarkum molongo, “baruuuuk.” Cénah. Sanggeus meuleum rokok Minakjinggo, Samid nuluykeun carita, “Keur aing mah leuwih hadé dibawa kadieu, keur bahan ngalubar tineung ka maranéh.” “Sapuuuuk,” saur manuk. “Ari sia laksana kituh dibenum jadi Menteri.” Tanya Ujang. “Enya. Tapi saratna aing teu meunang kalaporkeun maké basa Sunda kasar. Kudu ngajaga sténding salaku Menteri. Teu meunang iluan kana FBSK. Padahal anu ngarana pajabat nagara lolobana garoréng adat, loba teuing mikir, suudhan, jaba paranoid deuih. Teu kawas urang anu basajan, ngomong sahinasna. Naon anu kaluar tina bacot datang tijero congcot. Beu aing hanang yeuh bi Icih. Mun pangtinyuhkeun cikopi.” Ngadéngé kitu Ujang abus kadapur, “keun aing anu nyieun, kapan apal kana kabeukina Samid.” Cak Ujang ngahéhé. “Aya tikotok kitu bi?” Bi Icih olohok. “Da kapan kitu Samid mah, cikopi ditikotokan saeutin.”
Tidak ada komentar:
Posting Komentar