Selasa, 15 Mei 2012

JURIG

CJDBS "JURIG"

Inget baréto keur SMP 1959 abah mah, kapan dijembatan Ciporéat aya panser TNI. Anu kacebur kana longkrang déét béh handapeun imah kabogoh. Cénah mah dua tangtara maraot sapada harita. Ngan éta téa cénah mah unggal peuting ngaririwaan. Malah kilanceuk anu borangan mah, sok ménta dipapag lamun arék balik peuting ka Cisurupan. Wéh, nyaritakeun perkara jurig jeung sabangsana, tibaréto matak euweuh béakna. Kapan bagian tina kabudayaan agraris Pasundan.

Ayeuna mah kari urang arék kumaha nyanghareupanana, kana éta fénomena sosial. Lamun abah mah tibarétona ogé ngala senangna wéh, ngala hasil tianu borangan. Siga dina hiji peuting panggih jeung batur sakola, keur balanja ditoko Fatimah Ujung Berung. Kitu arék balik ngarasa sieuneun kujurig. Antukna ménta tulung dibaturan. Kuabah heueuhkeun tapi aya syaratna. Nyaéta daek jadi kabogoh uing. Ngeunah lah.

Makana para sadérék, paramiarsa lapak Carita Jurig Dina Basa Sunda. Sabenerna jurig téa euweuh dina kanyataan, tapi jadi mangkeluk dina rarasaan. Éta mah kuma kaayaan jiwa urang waé. Sanajan cak élmu pangatahuan Barat majarkeun aya, tapi kapan euweuh jurig beurang. Kapan awakna teu jiga mahluk nyata tina plasma, tapi tina ékto-plasma. Anu ngacay lamun katinggang sorot panonpoé. Jadi ulah matak sarieun, heug baraca Carita Jurig Dina Basa Sunda. Kapan maké basa Sunda ieuh.
 ·  ·  · 45 minutes ago

Tidak ada komentar:

Posting Komentar