skip to main |
skip to sidebar
ADÉN SURADÉN KAJAJADÉN
CJDBS "Adén Suradén Kajajadén"
Di Sep 1978, abah perenah ngaliwatan batu Kubang di Sémpong jam 11 peuting. Kitu aya jalan cagak, nyokot kakatuhu. Wéw antukna tigebrus kaleuweung awi anu poék mongkléng, jaba réang sora hag hog kawas bagong. Kitu mapay galengan dina caangna béntang, ti kajauhan aya abringan anu marawa obor. Kitu méh deukeut kuabah sorotkeun sénter 2 kali. Abringan 5 lalaki eureun sakeudeung, terus maju bari ngeteyep. 3 obor naék kaluhur, 2 obor turun kahandap. Barang nempo kalangkang abah anu make sweter bulao belang bodas jeung topi pét anu sacorak sakelir. Eta abringan ngarandeg, kaciri aya 5 gobang pating gurilap dina pamor obor. Kagok asor kuabah sampeurkeun bari sasakali nyirorotkeun sénter. Sajarak 2 méter kuabah buka topi, terus nyénteran beungeut sorangan. Karak tah 3 bedog balik ka warangka.
"Marulih timana?" Cekéng. Bangunna keur pilek, matak sora rada ngirung.
"Parantos ti ondangan." Kadéngé sora anu ngeleper, bari pageuh nyenyekel bedog.
"Dupi adén bade kamana?" Wéw adén, tangtu abah disangka kajajadén.
"Badé ka masigit Cilimus." Cekéng bari ngabeuleum jinggo.
"Geuning wantunan teuing. Permios adén" Lapor kumendan bari guragiru hanca.
Sabot gagancangan leumpang, kuabah pelong sawataralila. Aya kana 5 kalina maralik nempo kaabah. Waktu jam 2 nepi ka hotél Linggajati, kumisanan abah disebut, "hih si Éman ludeungan. Aing waé congcot Lingarjati teuwani sasar kawas kitu."
Tidak ada komentar:
Posting Komentar