skip to main |
skip to sidebar
KEKEREJETAN
LBSB "KEKEREJETAN"
Alhamdulilah. Tadi nampa riungan silaturahim, bari bales ta’aruf néng Ririn ka Adé. Kapan Januari abah sabarondoyot, anu ngabuka ta’aruf ka Citayam. Jaba hujan gedé tiisuk nepi ka beurang, naha nyaba ti Sentul ka Dépok karék nepi 5 jam. Sangkilang ditungtun aku GPS anu eusleum, teuing sinyal satelitna kaganggu kukandelna awan hujan. Tadi mah cabés Bambang anu cénah kataji ku janggot abah nyarita. “Pernah ngemitan tatangga anu maot. Keur khusyu’ maca do’a, ngadadak anak awéwé almarhum ngajerit, “Bapaaaaa!.” Bangun reuwas bari tutunjuk kalayon. Kitu pak Bambang ngarérét, kajeueung béh leungeun jeung awak mayit anu karak 2 jam maot, keur kekerejetan siga anu arék hudang. Teutalangké pak Bambang nutup do’a, terus luncat kagigir. Taki taki, “buat menjaga hil2 yang mustahal ajah kok pak Éman.” Akeyna.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar