skip to main |
skip to sidebar
KUNAON NEUTEUP KAAING
LBSB "KUNAON NEUTEUP KAAING"
Geus mèh saminggu papanggih tèh, saminggu ieu aing inget waè ka sia. Kana teuteup mata sia, kana imut amis ngagelenyu biwir èndah sia, kana bodas apikna huntu sia. Kana heningna rupa beungeut sia. Kana weningna hatè sia. Padahal mah teu pira. kari solongkrong wèh nepungan sia di Cileungsi, moal nepi ka sapuluh menitna. Lamun hanteu macèt mah jajalanan. Duh ètah kalangkang cureuleukna mata sia, waktu neuteup leleb ka janggot aing. Huh, naha atuh sia tèh makè wawanian nempo leleb ka aing. Lamun teu inget kana butak ompongna diri aing, tangtu sia geus dirawu pisan ku aing. Huh matak nyeri hatè aing, nuturkeun kahayang jeung pikir anu mandeg mayong kieu. Padahal mah apanan unggal peuting sia ngajedog dina kongkolak. Wèw. Hiiihhh.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar